Haturan teh Elly..., damang...?
punten sim abdi telat nibrung..., perkawis PKS di sumedang numutkeun 
sim abdi mah langkung sae urang bagi dua bae keun perkawis buku-buku 
mah engke tiasa diatur. Insya Allah MJ oge nyaluyuan kana ieu 
pamaksadan teh, kaleresan jarak antawis Paseh - Wado kalintang tebih 
deuih (kl 30 Km) janten sae pisan pami di wado aya PKS teh.
Ngenaan rencana teh Ely bade ngayakeun acara biantara di SMA Wado, 
eta rencana teh sae pisan malih mah pami tiasa ulah ngan di SMA wado 
wungkul tapi di sakola nu sanesna oge (khususna sakola nu aya di 
daerah). Insya Allah sim abdi hoyong ngiringan pami aya waktos mah 
asal dipasihan terang iraha-irahana.

Cag...ah, hatur nuhun.

Bm'69
-punten dupi Ua teh Ely teh linggih dimana...? geuning uninga ka 
lembur abdi (nagrak paseh).

--- In [EMAIL PROTECTED], "djulia247" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mang Jamal, Kang Boim , araya kitu ?
> 
> Ieu nambih informasi.
> 
> Kahiji, perkawis PSK
> 
> Numutkeun katerangan ti pun Uwa di Nagrak, Kec. Paseh, jarak ka SMA 
> (SMAN Cimalaka atanapi SMAN Conggeang) aya 2-3 km. Janten upami aya 
> kelompok baca di Nagrak sae pisan.
> 
> Informasi ti Kec. Wado, 
> Sim kuring tos mendak Bapak Guru SMAN Wado nu kersa malih bingah 
> pisan pami katitipan buku. Pak Meme dugi ka danget ieu sukses 
ngasuh 
> barudak rumaja di lembur kuring boh para siswa SMP/SMA oge nu putus 
> sekolah dina widang olah raga (sepak bola, voli) malih aya salah 
> sawios asuhanana kalebet tim pelatnas sepak bola).  Tahun ieu 
lulusan SMP nu jumlahna 
> 190 siswa teh nembe 100 (informasi ti TU)nu tos terdaftar ka SMA, 
> janten seueur ...... asuheun lumayan.
> 
> Khusus rencana PSK di Sumedang, keputusan akhir KUSNET eh Yayasan 
> Perceka nya, bade dimana wae oge sim kuring mah Insya Allah 
> ngadukung, bade ngiringan nambihan koleksi buku bukuna. Kumaha 
> teknisna?
> Wasalam,
> Ely Djulia




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke