Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan, sabab Si Kabayan sok 
ngalamun wae. Digawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi oge 
bari ngalamun.
        Sakali mangsa Si Kabayan manggih endog meri, ngagoler dina 
jarami di sawah mitohana. Si Kabayan atoheun pisan. Gancang endog 
dibawa ka imah, ditembongkeun ka pamajikanana.
        "Sukur, ka dieu urang kulub, keur Si Ujang," ceuk pamajikan 
Si Kabayan.
        "Montong," tembal SI Kabayan. "Anggur mah rek dipegarkeun. 
Dipilukeun kana hayam Abah, nu ayeuna keur nyileungleum," tembal Si 
Kabayan. Ti dinya endog teh diteundeun hareupeunnana bari ditaksir.
        "Kuma karep Akang wae atuh. Ngan ayeuna mihape budak, uing 
rek ngisikan heula," ceuk pamajikan Si Kabayan, bari ngajingjing 
boboko rek ngisikan di pancuran.
        Si Kabayan diuk cingogo diharudum sarung bari nyanghareupan 
endog, Budak mah diantep wae sina kokorondangan dina palupuh. Ari 
manehna anteng ngalamun deui. Kieu ngalamunna.
        "Endog teh pasti megar, heg bikang. Engke pasti ngendog deui. 
Upamana wae ngendogna sapuluh. Tuluy dipegarkeun deui. Megar deuih, 
jadi boga sabelas meri teh. Pek kabeh ngarendog deui. Mun ngendogna 
sapuluhan wae, jadi aya 110 endog.
        Beuki lila meri teh beuki loba, endogna oge pasti beuki loba. 
Aing rek jadi bandar endog. Endog dijualan, aing ayeuna loba duit. 
Duitna dibeulikeun kana domba bikang. Dombana baranahan, tepi ka aing 
boga domba loba. Dombana dijual ka pasar. Tuluy meuli munding 
sarakit. Munding oge baranahan. Aing bakalo boga munding loba. Adeuh, 
adeuh, munding aing mani rendang kitu di sawah."
        Keur kitu, geprak wae endog Si Kabayan dibaledogkeun ku 
pamajikanana, tepi ka peupeus. Sihoreng endog kacingcalang.
        "Kabayan, cing atuh kana ngalamun teh, tuh tenjo budak mani 
bancunur sirahna tidagor kana tihang, da diantep wae."
        Si Kabayan kalah molotot ka pamajikanana. 
        "Ku naon munding aing diruksak ku maneh? Rasakeun ieu 
paneunggeul," ceuk Si Kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
        Pamajikan Si Kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah bapana, 
bari ngais budak. Si Kabayan ngudag bari angger ngamang-ngamang sapu.
        Mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka Si Kabayan.
        "Ku naon maneh teh, Kabayan, kawas nu teu eling?"
        "Bongan munding uing diruksak ku Si Iteung," ceuk Si Kabayan.
        "Bohong ketang, ngalamun wungkul. Barina ge endogna oge 
kacingcalang," pamajikan Si Kabayan nambalang.
        "Euh, kitu," ceuk mitohana Si Kabayan. "Paingan atuh kebon 
aing, mani ledug diranjah munding, ari maneh boga munding mah. Hayoh 
gantian, mun teu digantian dilaporkeun ka pulisi."
        "Ampun, Bah," ceuk Si Kabayan. "Abdi mah teu gaduh bulu-
buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. Hayu Iteung, urang 
balik," Si Kabayan ngajakan balik ka pamajikanana.
        Mitohana gogodeg.
        Isukna Si Kabayan dititah ngala kalapa ku mitohana. Tina 
sapuluh kalapa, Si Kabayan bakal diburuhan kalapa sahulu. Si Kabayan 
atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa, rek ngala kalapa 
nu kolot.
        Barang tepi ka luhur, tuluy diuk sidengdang dina sela-sela 
dahan kalapa, teng wae ngalamun.
        "Buruh ngala kalapa teh rek dijual. Ladangna dibeulikeun kana 
endog hayam. Tuluy dipegarkeun. Pek diiungu. Hayamna beuki rea, 
endogna ge rea deuih. Endog dijual unggal poe ka pasar. Aing jadi 
bandar endog. Tina bati ngajual endog, aing rek meuli domba. Domba 
oge ngareaan. Ayeuna aing jadi banda domba. Tina bati ngajual domba, 
aing rek meuli munding.
        Eh, ketang, moal, moal meuli munding. Meuli naon, nya? Ah, 
rek meuli kuda wae. Kudana kuda balap. Kuda Ustrali nu jangkung tea. 
Aing jokina, plok-plok, plok-plak, kudana dilumpatkeun."
        Bari ngalamun kitu teh Si Kabayan rereundeukan dina palapah 
kalapa.
        "Kuda teh beuki tarik lumptna, kotoplak, kotoplak, 
kotoplak ... Hurseh, hurseh ..." Si Kabayan beuki motah wae diukna 
dina palapah kalapa, tepi ka palapah kalapa teh pepelenoyan. 
Kulantaran motah teuing, palapah kalapa teh potong. Si Kabayan 
ngoleang kabawa ku palapah kalapa. Gebrus wae ka balong. Untung 
tangkal kalapa teh jadina di sisi balong. Si Kabayan pipina bared 
keuna ku regang awi, sukuna tipalitek. Untung teu maot ge.
        "Matak ari digawe ulah bari ngalamun. Kumaha ari geus kitu?" 
ceuk mitoha Si Kabayan.
        Ti harita Si Kabayan kapokeun, tara ngalamun-ngalamun deui.



Mukaan pabetekan, aya sawatara pancen kapungkur ti ki dosen, jigana 
ieu tina buku "Jurig Kabayan" yasana Tini Kartini.

~ipup~




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke