Kang Obay Haturan... kamana wungkul ......
Urus atuh boga AKI teh ulah sina lampar kitu... ulin teh kamalinaan....

Wassalam

Jajakakapaksa



----- Original Message ----- 
From: "bosetektea" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, July 15, 2004 8:02 AM
Subject: [UrangSunda] SAJAK AKI JEUNG BALON


>
>  --- Email OK ---
>
>


----------------------------------------------------------------------------
----


> haturan kanggo baraya di tungtung seoul......mangga
> nyanggakeun sajak AKI JEUNG BALON yasana Ami Raksanagara
> anu kantos dimuat di kalawarta Sipatahoenan Nopember 1960
>
> beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
> kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
> dibaturan ku sobat ngaran rancatan
> anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan
>
> kakapalan kukudaan tarompet henteu tinggaleun
> geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun
> ujang, eulis, yeuh tingali barang aki
> geura galeuh keur ameng engke di bumi
>
> aki..! aki..! abdi mah da hoyong balon
> deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya
> niupna ge aki mah geus teu kawasa
> ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
> ari aki sakieu nya kakolotan
>
> mending oge kasep ieu yeuh kokoleceran
> lamun angin muterna aduh ku tarik pisan
> resep teuing engke ameng lulumpatan
>
> aki..! kadieu..! ketang da abdi mah moal meuli
> ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki
> ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali
>
> hiji dua lengkahna teuing ku beurat
> aya hate milu lewang paur umurna bret pegat
> teuing dimana si aki tetepnya matuh
> boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
> ngan nu nyata kulitna asakkapoe
>
> aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
> aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
> aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan
> aki...! aki...! rekkamana lamun panonpoe sare
>
> Oby tea
>
>
============================================================================
===============
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com,
langsung dapat akses Internet Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info
hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
>
============================================================================
===============
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke