Hatur Nuhun pisan Kang Oby, hatur nuhun. Katampi pisan
saja "aki jeung balon-na". Sakali deui hatur nuhun.
Kumaha damang?
Kacida sonona,
Yaya
Tungtung Seoul
--- bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> haturan kanggo baraya di tungtung seoul......mangga
> nyanggakeun sajak AKI JEUNG BALON yasana Ami
> Raksanagara
> anu kantos dimuat di kalawarta Sipatahoenan Nopember
> 1960
>
> beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
> kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
> dibaturan ku sobat ngaran rancatan
> anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan
>
> kakapalan kukudaan tarompet henteu tinggaleun
> geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun
> ujang, eulis, yeuh tingali barang aki
> geura galeuh keur ameng engke di bumi
>
> aki..! aki..! abdi mah da hoyong balon
> deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya
> niupna ge aki mah geus teu kawasa
> ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
> ari aki sakieu nya kakolotan
>
> mending oge kasep ieu yeuh kokoleceran
> lamun angin muterna aduh ku tarik pisan
> resep teuing engke ameng lulumpatan
>
> aki..! kadieu..! ketang da abdi mah moal meuli
> ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki
> ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali
>
> hiji dua lengkahna teuing ku beurat
> aya hate milu lewang paur umurna bret pegat
> teuing dimana si aki tetepnya matuh
> boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
> ngan nu nyata kulitna asakkapoe
>
> aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu
> nulungan
> aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
> aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan
> aki...! aki...! rekkamana lamun panonpoe sare
>
> Oby tea
>
>
===========================================================================================
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di
> www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses
> Internet Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour
> S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim
> 0-800-1-467826 "
>
===========================================================================================
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/