Assalamu'alaikum Wr, Wb. Baraya sadaya...dina PR poe ieu (kemis.15 Juli 2004) rame beja ngenaan bom jeung angkot mogok di kita Bandung. Di satengahing beja eta, aya beja anu mantak ngangres kana hate ngenaan beja maotna saurang tukang beca alatan ku teu kuat nahan kacape. Aki Holil eta ngaran tukang beja teh anu umurna geus nincak 74 taun, ku alatan teu kuat nahan kacape aki Holil maot di satengahing perjalanan saacan nepi ka tujuan (Jl> Baladewa). Tadina mah aki Holil teh geus bungah rehna bakal menang untung tina hasil narik becana, alatan angkot mogok tea. Tapi nu kajdian lain untung nu beunang kalahka sabalikna geuning poe eta teh mangrupakeun poe panungtungan aki Holil pikeun narik becana, tada teuing sedih kinkin kulawargana narima kanyataan nusakitu pikasediheunana. Aki Holil anu mangrupakeun panyangga hirup kulawargana ayeuna geus taya dikieuna maot alatan kacapean sawaktu keur bajuang pikeun kulawargana. Beurat geuning perjuangan hirup teh....emh....Innalillahi wa inailaihi roji'un.... Deudeuh...aki Holil..., mugia Allah Swt nampi kana sagala amal ibadahna kalayan nempatkeun anjeun di tempat anu caang tur lega di alam kuburna. Amin.
Cag...ah, sakitu teu kuat neruskeunana sok sanajan kahayang mah cumarita nu rada panjang. Hatur nuhun. BM'69 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

