Duka teh teuing naon margana, rek ngomong bet hese pok, rek nulis bet hese prak,
ramo-ramo asa hese diusikkeun. Sakieu buktina teh dumeh dipaksa sok sanajan
eureun-eureunan. Kieu gerentesing ati kuring :
Mun teu senang tangtu susah, mun teu sehat tangtu gering, mun teu bagja tangtu
sangsara, mun teu hirup tangtu maot. Kadangkala aya di antarana. Eta sadaya sanes
aturan urang, nanging Kersaning Gusti Nu Maha Suci.
Aki Holil, kawasna mah teu kabagean senang dina ngalampahan lalakon hirupna. Tapi eta
mah lalakon hirup di dunya, da meureun kasenanganana sapuratina diancokeun pikeun
sampeureun,
geusan ngarandapan kahirupan di alam kubur bari nunggu bagjana hirup di alam
babarengan di kalanggengan.
Inna lillahi, wa inna ilaihi roji'un
Yaa Allah yaa robbi, pikawelas, pikaasih ieu jalmi anu sangsara dunyana, hapunten
sagala dosana, paparin tempat anu nyenangkeun dirina. Amin ya Allah ya robbal alamin.
Urang teh kagungan Mantena, nya ka Mantena urang marulang.
Aki ayeuna, kuring mah meureunan jaga. Jaga teh mangsa nu bakal datang, duka engke,
duka isukan, da bongan kuring teu terang.
Muga tepang di alam kabagjaan anu tanpa wangenan, tanpa wekasan. Amin, amin, amin.
rizallul haq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pribados seja ngiring bela sungkawa ku maotna aki
holil, mani ras emut ka cariosan almarhum pun Bapa
basa mamatahan abdi jeung pun lanceuk supaya ngejat ti
imah milari pacabakan ulah ngalanggur, "Alus keneh
jeung terhormat maot di pakalangan tibatan dina
ranjang ku sabab kalaparan teu bisa dahar jeung bapak
bakal bangga boga budak jiga kitu".
Innalillahi wa inailahi rojiun..
Mugi amal sholeh aki holil di tampi ku Allah SWT tur
diangkat darajatna di lebetkeun ka kelompok jalmi
jalmi anu soleh, amin.
>
>
> Assalamu'alaikum Wr, Wb.
>
> Baraya sadaya...dina PR poe ieu (kemis.15 Juli
> 2004) rame beja
> ngenaan bom jeung angkot mogok di kita Bandung. Di
> satengahing beja
> eta, aya beja anu mantak ngangres kana hate
> ngenaan beja maotna
> saurang tukang beca alatan ku teu kuat nahan
> kacape. Aki Holil eta
> ngaran tukang beja teh anu umurna geus nincak 74
> taun, ku alatan teu
> kuat nahan kacape aki Holil maot di satengahing
> perjalanan saacan
> nepi ka tujuan (Jl> Baladewa).
> Tadina mah aki Holil teh geus bungah rehna bakal
> menang untung tina
> hasil narik becana, alatan angkot mogok tea. Tapi
> nu kajdian lain
> untung nu beunang kalahka sabalikna geuning poe
> eta teh mangrupakeun
> poe panungtungan aki Holil pikeun narik becana,
> tada teuing sedih
> kinkin kulawargana narima kanyataan nusakitu
> pikasediheunana. Aki
> Holil anu mangrupakeun panyangga hirup kulawargana
> ayeuna geus taya
> dikieuna maot alatan kacapean sawaktu keur bajuang
> pikeun kulawargana.
> Beurat geuning perjuangan hirup
> teh....emh....Innalillahi wa
> inailaihi roji'un....
> Deudeuh...aki Holil..., mugia Allah Swt nampi kana
> sagala amal
> ibadahna kalayan nempatkeun anjeun di tempat anu
> caang tur lega di
> alam kuburna. Amin.
>
> Cag...ah, sakitu teu kuat neruskeunana sok sanajan
> kahayang mah
> cumarita nu rada panjang. Hatur nuhun.
>
> BM'69
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/