--- Ridwan Kurniawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Adnan,
> Kuring teh bingung kumaha ngamimitianana.  
> Ku kuring dibuka nu warnana beureum teh geuning kosong keneh...
> teu aya nu basa inggris2 acan... na kedah ngadamel ti awal Kang..
===========================

Aeh, sumuhun Kang. Saleresna mah, kanggo langkung paos, mangga aos rupi2 katerangan nu 
aya di
en.wikipedia.org. Kanggo gampilna mah kieu, Kang...
Pami tiasa sareng kinten2na bakal mayeng nyeratna, langkung sae ngadamel heula 
"account" (log in,
tumbuna aya di kaca lebah luhur), supados nu pada2 ngiring nyumbang tiasa sililh 
pikawanoh, oge
tiasa dipertanggungjawabkeun oge saha2na nu ngadamel parobahan. Lian ti eta, urang oge 
tiasa
komunikasi antarkontributor nu tos gaduh account, tiasa silih kintun pesen nu bakal 
tembong nalika
urang muka wikipedia.
Pami urang bade ngeusi artikel ku narjamahkeun ti nu versi Inggris, carana gampil. 
Urang buka dua
jandela, hiji nu basa Sunda nu bade dieusi tea, hiji deui nu basa Inggrisna. Misalna 
urang rek
ngeusi artikel nu kosong keneh (tumbu kecap nu warnana beureum), mangga klik eta 
kecap, saterasna
urang bakal lebet ka kaca nu kosong keneh. Teras urang buka artikel nu na basa 
Inggris, klik tumbu
"edit/edit this page", salin we (copy-paste) sadayana ka kaca kosong wikipedia Sunda 
nu tadi tos
dibuka. Tos kitu, nya kantun narjamahkeun eusina. Kade, dina eta teks nu nuju diedit 
ku urang, aya
tanda2 baca nu teu kedah ganggu, da eta mah setting kanggo teks html-na. Kanggo 
ngarobih/ngedit
artikel nu tos aya, tiasa langsung nga-klik tumbu "edit/edit kaca ieu", atanapi, pami 
kirang
yakin, mangga klik tumbu "discussion". Tah di dinya tiasa dikedalkeun sagala rupi 
perkawis eusi
artikelna, misalna hoyong ngarobih istilah, atawa nu sanesna.
Sakitu heula panginten, wilujeng...

isk


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke