**********************************************************************

Assalamu'alaikum Wr. Wb. 

 

Haturan salam tur salawat kapangersa baginda rasulalloh Muhammad SAW.

 

Bismillah!

 

Mugia sakumna Urangsunda tiasa aya dina kasaean tur kamajengaan! 

 

Bagea para wargi, bagea sakumna Urangsunda!, sabada kuring aub dina milist-milist 
kasundaan ieu (Urangsunda, Kisunda, Gankleboy) bingah pisan ningali na kana kamajengan 
ieu milist-milist teh, boh dina nambihna wargi-wargi enggal pon kitu deui dina 
mairannana, boh dina kasariusannana atanapi dina gogonjagannana.

 

Nu kailo ku uteuk ieu, sadaya mairanna teh sae. Duka urang rumasa atanapi  heunteu 
nanging sadaya mairan ka milist-milist nu disebatkeun tadi di luhur boh nganggo basa 
sunda (lemes, kasar, merenah, teu merenah) atanapi basa indonesia, inggris jrrd, 
geuningan sadayana teh kanggo kamajengan kasundaaan urang. 

 

Pangemut kuring (nu balelo jeung masih bau cikur kana kasundaan tapi boga kahayang 
keur nanjeurkeun Kisunda jeung Kasundaannana)���.. Kisunda sareng Kasundaan urang teh 
insya alloh sejana adiluhung nanging ieu oge upami tiasa sareng biasa aub dina sagala 
kaayaan sinareng zaman. Sapamadegan kuring mah yen urang teh sakumna manusa nu 
kagungan rasa kadeudeuh sinareng kanyaah ka Kisunda lan Kasundaan teh, saenyana dulur 
urang. 

Maksadna dulur, yen pada-pada urang teh :

��.dulur sabasa���nya basa sunda tea!, sae na ieu teh kanggo saha-saha nu kagungan 
kahoyong ngamumule kana basa sunda boh eta US pituin, mukimin, seler lain malihan 
upami urang deungeun mah mani reueus pisan sigana mah meureun.

��.urang teh dulur satekah-polah���.satekah polah sunda nu someah hade ka semah, pon 
kitu oge kanggo saha-saha  nu kagungan kahoyong kanggo nyeceb keun ajen inajen sunda 
boh eta teh ku US pituin, mukimin, seler lain kitu oge lamun ku urang deungeun. Kitu 
oge dina perkawis lianna boh dulur sabudaya, sakasenian, jst. Nu penting mah keur 
kamajengan Kisunda jeung Kasundaan urang. 

Sae na mah kedah di rarojong ka dulur-dulur sapertos nu disebat tadi, siga cikaracak 
ninggang batu panginten, insya alloh nu munggaranna ti dulur sabudaya sunda, upami 
urang na tiasa micontokeun/metakeun nu nyata, nu sae ti diri Kisunda sinareng 
Kasundaannana, inyana tiasa robih janten dulur sabasa sunda nu langkungna teu 
pirang-pirang tiasa ngajati janten US mukimin, malihan mah tiasa langkung loma kana 
kasundaan urang batan urang nyalira, aya kapan contona �.�.seler urang ti daerah wetan 
nu janten inohong sajarah sunda???

 

Pangemut kuring deui����ulah sing seler lianna atanapi urang deungan nu kagungan 
kahoyong bari cumenos kana kasundaan urang, US oge nu saukur gagaduhan sakeudik ti 
kasundaannana (basa contona mah!) kitu deui ka nu sabada ti murangkalih teu diwanoh 
keun kana  kabudayaan sareng basa sunda, nangnging danget ieu inyana teh kagungan 
kahoyong ningkat keun kasundaannana!�.�.lajeng ku urang teu dituntun, dirojong, 
diaping atanapi diperenahkeun?,��..duka kamana atuh inyana teh upami teu lumpat 
atanapi ngagogoreng urang mah?  Upami kitu, janten dugi ka iraha Kisunda sinareng 
Kasundaan teh seja sumebar, mencrang baranang di buana? 

 

Kukituna kuring sapagodos pisan sareng pamadegan kudu ngamumule Kasundaan urang dina 
contoh leutikna basa sunda��.kuring oge supagodos sareng pangemutan yen milist-milist  
nu dipikabogoh kuurang teh, geuning dipikareeus oge kusagala jalma nu timana-mendi boh 
US, seke seler nu lianna, kitu oge urang deungeun(???).

 

Pangeunteung kuring mah kieu panginten��.kapan urang teh migaduh tilu milist sunda! Nu 
kaalaman ku jisim ieu nu ngawitan aub dina ieu milist, munggaran teh daftar na ka 
Kisunda tipayun, tos rada apal mah laju bae daftar ka Urangsunda lajeng�gek di 
Gankleboy. Maksad na ieu tilu milis teh pakuat kait, tiasa lebet ti nu mana bae 
ngawitan mah dah lami-lami mah, sapuk yen hiji (Kisunda/Kasundaan) aya dinu tilu(3 
milist), tilu aya dina hiji. Upami disapertoskeun kieu:

 

Urangsunda sayagina kanggo mairan saenyana jejer kasundaan boh dina lingger/cara 
babasaan na (undak usuk na mah panginten tiasa nyusulnya/nutur keun?) atanapi eusi 
dina mairanna eta

 

Kisunda�..sabage tempat informasi keur urang boh eta ngagunakaeun basa sunda atanapi 
basa lianna.

(atawa dibalikkeun Kisunda sabage informasi kasundaan nu khusu keur urang sadaya, 
Urangsunda sabage informasi umum, nyanggakeun pibadanteneunnana ka para kuncen Kisunda 
sinareng Urangsunda) 

 

Dupi Gankleboy kumaha? ��...parantos kahartos panginten kaayaan di gank mah, 
kongkow-kongkow sabari ngabodor bandung tea, antawis dulur-dulur nu sabondoroyot nu 
papoyok-poyok satakerna, teu aya seja raheut kana manah  teh,  kapan tos terang 
pada-pada kartu na (cenah na mah) jadi Gankleboys mah tempat bebas��bebas nu tetep 
kudu manut kana ajen inajen US tea.

 

Kukituna deui, siga na mah ka para kuncen tilu milist ieu kedah badanten pada-pada, 
perkawis Netiket nu aya dina tilu milist ieu teh kedah benten,��leres pisan, kedah 
benten, supados aya hartos na sareng bentena saha jeung kumaha kedahna mairan ka 
masing-masing ieu tilu milist teh. 

 

Dupi 'tos aya hasil ti pabadanteneun eta, mangga atuh sapertos nu parantos 
kamari-kamari tiap sasih teh aya pangemut ka para wargi namung ieu mah perkawis 
Netiket nu dipikamaksad ku masing-masing milist. 

 

Jadi samisalna sim kuring ngintun perkawis carita sangkuriang ku basa inggris ka 
milist Urangsunda (upamina ieu teh milist nu khusus kasundaan) mangga ka para kuncen 
milist ieu kanggo masihan paringatan 1,2 & 3 sareng na deui dina paringatan eta teh 
dibewarakeun yen milist sunda nu aya pakait-kait na teh aya 3 nyaeta Urangsunda, 
Kisunda & Gankleboy nu gaduh Netiket na kieu..kieu..sareng kieu�.teras na carita 
sangkuriang nu kuring (dupi mangfaat infona) upami tiasamah ulah dipiceun (banned) 
tapi saena mah dilajengkeun (forward/merenahkeun) ka milist nu langkung cocog 
diantawis 3 milist.

Misal nu lianna kanggo para wargi (contona tos lebet ka 3 milist tea/mung nembe 1 
milist? kapan dina balesan/reply ti kuncen teh dibewarakeun 3 milist nu pakait-kait 
tea) nu teu acan tiasa mairan ngango basa sunda, inyana teh mung tiasa ngaaos di 
milist khusus kasundaan (urangsunda contona) tea, tapi tiasa mairan ka milist nu 
sapalih na nu tiasa mairan ku basa sanesna. Kawijakan-kawijakan nu lianna panginten 
tiasa oge dibadanten keun ku para kuncens samentawis para wargi masihan saran sareng 
kritik nu ngawangun.

 

Insya alloh lamun urang pada-pada sabilulungan mimitian merenahan leuleutikan tina ieu 
tilu milist, kamajengan Kisunda jeung Kasundaannana teh tiasa ajeg teu oyag ku angin, 
mencrang baranang di buana. 

Kapan ceuna na mah tilu milis ieu teh para wargana teh sadunya lin?, jadi insya alloh 
atuh bakal dirorojong ti mana-mendi.

 

�teu wantun kula nyaangan panon poe, teu daya kula nyaat keun sagara�. 

�neda pangapunten ka bala rea, nyuhun pangajar ti nu katatar�.

 

Wassala,

 

-pun adi- 

 

**************************************************

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Sae eta maksad teh Kang Oman, tapi tong saklek teuing
nya. Katinggalna member milist ieu cukup heterogen,
misalna aya Mas Nasir nu ti wetan, terus aya Kang
Ruslee terah Sunda nu tos jadi warga Malaya. Jigana
masih keneh aya anu lianna oge. Kulantaran kitu memang
perlu waktu keur ngalaksanakeun eta maksad teh.

Ieu mah toongan kuring nya. Aya tilu mulis sunda nu
salila leu ku kuring dititenan teh. Nyaeta UrangSunda,
KiSunda, jeung GankLeboy. Memang seueur nu sanesna anu
jejerna mawa pesen kasundaan. Eta tilu milis teh
jigana geus mawa ciri sorangan sacara alamiah. Urang
GankLeboy mah umumna resep ngawangkong, ngalor-ngidul.
Ari UrangSunda mah rada sarieus tah obrolana teh.
KiSunda mah lain deui, rada leuwih heterogen.
Kulantaran kitu basa panganteuna oge campursari,
direumbeuy.

Kulantaran kitu jigana keur KiSunda mah keun wae jiga
kaayaan ayeuna, anu penting mah jejerna masih keneh
masalah kasundaan. Boh masalah sastra, budaya, agama,
atawa nu lianna anu aya pakuat-pakaitna sarenag urang
Sunda. Ku cara kieu mudah-mudahan bisa ngajaring
sagala lapisan masyarakat dina adu renyom masalah
kasundaan. Wallahu A'lam.

Salam,
MH


 



                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke