Kituna teh si Abah bari popolotot ka Abi Shalih, tuluy Abi Shalih naros deui kieu 
ucapna teh 

AS janten maksadna teh kumaha ieu Bah ?

S  aing moal ngahampura maneh keun bae maneh sina diganjar ku Gusti Allah tina 
kasalahan maneh

Atuh Abi Shalih ngahuleng sajongjonan mah, ceuk pikirna teh wah cilaka mun kitu mah 
aing teh, teu lila breh wae aya akal, lajeng anjeuna nyarios kieu :

AS upami Abah teu ridho ka kuring kumargi ngaraos tos dirugikeun, kumaha upami kuring 
rek ngaganti rugi kana kalakuan kuring, ngan terus terang kuring mah teu boga harta.

S rek nganganti kunaon maneh teh lamun harta oge teu boga ?

AS Sugan jeung sugan bae tiasa diegntos ku tanaga ?

Si Abah ngahuleng sakedap lajeng nyarios deui:

S Bisa diganti ku tanaga, ngan lilana saumur jeung tangkal apel ti saprak melak bibit 
nepi ka buahna

AS Euleuh mun kituna mang-taun taun atuh  panginten Bah

S  Atuh enya, kuring oge hanas geus melak apel mang-taun taun dipiara, disiram, hanas 
geus buahan dicokot ku maneh, kumaha daek maneh teh ?

AS  mangga Bah upami kitu mah atuh

S Syarat nu sejenna salila maneh digawe didieu, ku kuring moal diburuhan (dibere duit)

AS mangga 

Poe gentos ku minggon, minggon gentos ku sasih, sasih janten taun, teu karaos tangkal 
apel nu dipelak ku Abi Shalih teh tos ageung malihan tos buahan, katingali buahna 
seueur pisan. Lajeng anjeuna ngadongkapan sepuh nu gaduh eta tangkal  bari nyarios 
kieu :

AS Bah kapungkur pan Abah nyarios yen dosa kuring bakal dihampura lamun kuring digawe 
didieu salami ti melak bibit apel dugi ka buahanana, tah ayeuna pan Abah tos ningali 
tangkal apel nu dipelak ku kuring geus buahan, ayeuna bade pamit tur Abah kedah 
ngahampura kana dosa abdi

S Heueeuh uing oge tos ningali tangkal nu dipelak ku maneh tos buahan, ngan aya hiji 
syarat deui nu kudu dilakokan ku maneh sangkan Abah ngahampura dosa maneh

AS Naon Bah syaratna teh ?

S Maneh kudu kawin jeung anak Abah

Ngadenge kitu bungah pisan hate Abi Shalih teh, kaleresan anjeuna teh harita tos cekap 
umur malihan mah pan anjeuna teu gaduh harta nu cukup keur ngawin hiji wanoja, wah 
kabeneran yeuh upami kitu mah, ceuk gerentes hatena lir ibarat kalunturan madu 
karagragan menyan bodas. 

AS Tapi anak Abah teh torek, lolong, gagu (pire), tuluy lumpuh deui

S Asa ngadangu guludug di siang bolong, beu ieu mah lepas tina maung  asup ka liang 
buhaya, kumaha nya piakalaeunana teh ?

Lami pisan Abi Shalih ngajentul mikiran nasib, lajeng anjeuna nyarios bari pasrah, nya 
mangga bae upami kitu mah Bah.

Teras bae eta Abi Shalih ditikahkeun ka putrina, rerencepan teu nganggo pesta sagala 
rupi, mung nyandak tina syah-na bae.

Saparantos resmi ditikahkeun Abi Shalih dipiwarang mendakan bojona di kamarna, barang 
jol ka eta kamar anjeuna mendakan hiji istri geulis pisan kawanti-kawanti, endah 
kabina-bina. Anjeuna reuwas ningali ieu istri, tuluy lumpat kaluar ti eta kamar lajeng 
mendakan si Abah tea, bari setengah nyarekan 

AS Abah teh kumaha sich geus kolot tapi sok ngabohong ?, Abi Shalih naros bari ambek

S Emangna aya naon kitu ?

AS Abah nyarios yen anak abah nu rek ditikahkeun ka abdi torek, lolong, gagu (pire), 
tuluy lumpuh deui,    nembe abdi dongkap ka kamar mendakan hiji istri geuningan teu 
jiga kitu ?

S Kieu Cep, Torek the hartosna anak abah can pernah ngadangu nu hal-hal nu dilarang ku 
agama, lolong hartosna can pernah ningali hal-hal nu dilarang ku agami, gagu hartosna 
can pernah ngomong nu dilarang ku agami, lumpuh hartosna can pernah indit ka tempat 
maksiat.

Tah ieu istri the engkinna bakal janten piibueun Syech Abdul Qodir Jaelani, didieu 
urang tiasa ningali yen ditilik tina turunan Syech Abdul Qodir Jaelani the jalmi nu 
terhormat tur shaleh dina ngajalankeun agami.

 

Jaman Orok Syech Abdul Qodir Jaelani

 

Ciri yen Syech Abdul Qodir Jaelani bakal janten jalmi soleh, tos ditunjukkeun nalika 
keur orok keneh. Harita anjeuna tara kersaeun nyusu ka ibuna  dina sasih saum 
(ramadhan), anjeuna nembe kersaen nyusu ka ibuna upami tos waktos magrib dugi ka 
janari (sateuacan shubuh). Hal ieu oge anu ngajantenkeun kaum muslimin di wewengkon 
Syech Abdul Qodir Jaelani linggih, ngajantenkeun ciri-ciri ieu kanggo nandaan yen 
sasih Ramadan tos dongkap

 

 

lajengkeuneun

 

 



[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke