Baraya Babakan KUSNET .... Better late then never ceuk urang Pangandaran anu biasa jadi gaid .... Sim kuring sakulawargi ngiring belasungkawa kanggo kang Yaya Rukayadi sakulawargi, mugi amal ibadah Ibu Hj. Eruk Rukmini ditampi ku Allah SWT sareng ditempatkeun dina tempat anu mulya ... Amien
Ngarasa katarik ku e-mailna kang Kandar, rada lila nitenan Wikipedia teh, jorojoy inget kana e-mailna ti Teh Julia, kumaha lamun tulisan ilmiah anu sakola teh salian ditulis dina basa Inggris atawa basa Indonesia atawa basa Jepang misalna keur anu sakola di Jepang, kumaha lamun ditulis dina basa Sunda. Nya sababaraha minggu nyobaan miluan ngeusian Wikipedia, susuganan ari dikeureuyeuh mah dina waktuna nyieun tulisan engke, sababaraha bagian bisa dicutat tina Wikipedia. Atuh meureun ieu mah, dina engke rek nyieun majalah basa Sunda saperti anu dirarancang ku Ua Sas saparakanca teu pati hese teuing neangan keur tulisan dina basa Sunda. Keur Kang Kandar, kuring nyobaan miluan dina widang statistik anu rada nyabit-nyabit kana widang kuring, sababaraha bagian anu biasa dipake keur dikeureuyeuh, ngan geuningan hese kacida neangan kecap anu merenah teh. Tawakup anu kasuhun upama aya kecap anu acan merenah. wassalam, budhi oritate permai [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

