Tangtos we bungah, barang asup ka tepas Wikipedia, jumlah-jamleh artikel nu geus aya
bet nambahan
jadi leuwih ti saratus! Edas, dilongokan ka ditu ka dieu, singhoreng aya nu ngeusian
ngaranna
Budhi. Ah... pasti si eta, nu di Gifu, da geuning nu pangheulana ditulis teh artikel
nu judulna
Jepang jeung Gifu, heuheu... Kantun narjamahkeunana we, Kang Bud. Leukleuk nya...
Hatur nuhun, Kang Bud. Kanggo langkung paos, mangga aos kaca pitulung (klik tumbu help
di kolom
beulah kenca). Di dinya diberendelkeun rupi2 katerangan & cara pikeun ilubiung di
wikipedia.
isk
--- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngarasa katarik ku e-mailna kang Kandar, rada lila nitenan Wikipedia teh, jorojoy
> inget kana
> e-mailna ti Teh Julia, kumaha lamun tulisan ilmiah anu sakola teh salian ditulis
> dina basa
> Inggris atawa basa Indonesia atawa basa Jepang misalna keur anu sakola di Jepang,
> kumaha lamun
> ditulis dina basa Sunda. Nya sababaraha minggu nyobaan miluan ngeusian Wikipedia,
> susuganan ari
> dikeureuyeuh mah dina waktuna nyieun tulisan engke, sababaraha bagian bisa dicutat
> tina
> Wikipedia. Atuh meureun ieu mah, dina engke rek nyieun majalah basa Sunda saperti anu
> dirarancang ku Ua Sas saparakanca teu pati hese teuing neangan keur tulisan dina
> basa Sunda.
> Keur Kang Kandar, kuring nyobaan miluan dina widang statistik anu rada nyabit-nyabit
> kana widang
> kuring, sababaraha bagian anu biasa dipake keur dikeureuyeuh, ngan geuningan hese
> kacida neangan
> kecap anu merenah teh. Tawakup anu kasuhun upama aya kecap anu acan merenah.
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/