Waalaikum salam wr. wb.
Rampesss...., mangga teras kalebet.....
Wilujeng Sumping cep Junaedi, haturan wilujeng tepang nepangkeun oge sim abdi kawit 
Cianjur, sami-sami nuju di Korea, bentenna salira nuju ngorehan elmu, sim abdi mah 
nuju kokoreh dolar, malah mandar aya sesa pibekeleun hirup jaga dilembur.
Sim abdi oge sami, saung mah di Bogor, malih di ieu milis seueur oge anu lalinggih di 
Bogor, atuh anu kawit ti Sukabumi henteu kirang, antos bae tangtos juljol anu 
ngabageakeun.
Mangga diantos salajengna.
 
Wassalam
SSW


Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum...
Sampurasun...
Hapunten sim kuring kumawantun...
Kang Yaya.. umajak ka sim kuring ngiring
sabeungkeutan dina "milist" ieu.
Kanggo pribados... nambih wargi sareng silaturahmi
kalebet hal anu peryogi diutamikeun.. tambih-tambih
oge.. dina raraga ngamumule budaya karuhun, terutami
basa Sunda.
Langkung tipayun, punten sim kuring bade
nepangkeun...
Sakumaha diuningakeun ku kang Yaya..
Wasta pun Ahmad Junaedi, pituin urang Sunda ti tatar
pakidulan, Kampung Lodaya di Surade Kabupaten
Sukabumi.  Namung saparantos nyukcruk elmu di IPB
Bogor, katerasan bumen-bumen di Bogor.  Danget ieu,
pribados nuju neraskeun nyukcruk elmu di Korea dina
widang tatanen.
Rupina kanggo samentawis cekap heula, manawi kirang
tiasa ditambih sanes waktos.  Hatur nuhun ..
sareng mugia dimaklum.. bilih basa Sunda pribados
kirang merenah, margi parantos teu biasa ngangge
dina prak-prakan sadidinten.
Wassalamua'alaikum,
Ahmad Junaedi, cekap disebat Junaedi.




[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke