Wilujeng enjing kasadayana, Mangga kang Junaedi wilujeng sumping di milis urangsunda, mangga geura didieu mah seueur baraya. nepangkeun abdi eko ari kawit mah ti tasik, ayeuna linggih mah di bogor (taman cimanggu) ari macul mah di jkt. janten tukang kiridit he he.....
Mangga teraskeun tong isin-isin, upami isin mah meungpeun wenya he he...punten heureuy @ERN kuncen #4 --- In [EMAIL PROTECTED], Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum... > Sampurasun... > > Hapunten sim kuring kumawantun... > Kang Yaya.. umajak ka sim kuring ngiring sabeungkeutan dina "milist" ieu. > Kanggo pribados... nambih wargi sareng silaturahmi kalebet hal anu peryogi diutamikeun.. tambih-tambih oge.. dina raraga ngamumule budaya karuhun, terutami basa Sunda. > Langkung tipayun, punten sim kuring bade nepangkeun... > Sakumaha diuningakeun ku kang Yaya.. > Wasta pun Ahmad Junaedi, pituin urang Sunda ti tatar pakidulan, Kampung Lodaya di Surade Kabupaten Sukabumi. Namung saparantos nyukcruk elmu di IPB Bogor, katerasan bumen-bumen di Bogor. Danget ieu, pribados nuju neraskeun nyukcruk elmu di Korea dina widang tatanen. > > Rupina kanggo samentawis cekap heula, manawi kirang tiasa ditambih sanes waktos. Hatur nuhun .. > sareng mugia dimaklum.. bilih basa Sunda pribados kirang merenah, margi parantos teu biasa ngangge dina prak-prakan sadidinten. > > Wassalamua'alaikum, > Ahmad Junaedi, cekap disebat Junaedi. > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage! > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

