Wa'alaikum salam, Wr. Wb,

MAngga kang wilujeng ngariung, di ieu lembur anu dipikameumeut ku urang
sadaya.. mangga geura guar pangalamannana.. 
Sugan abdi kenging mulungan, mun teu kenging bade maksa... mangga seueur anu
ti Sukabumi oge ti Bogor.. 
salah sapuluhna kang Hendri anu kawit ti Sukabumi, mung ayeuna nuju di
Cikarang janten Juragan Hayam cikarang, nyambi oge janten Juragan Printer..

sakantenan nepangkeun sim kuring wasta mah Cecep Wahyu, kawit ti Bandung,
borojol ka alam dunya di Tutugan Leles, pun bapak kawit ti Garut ( ds.
Samarang ) pun biang ti Sumedang..

Mangga ah lajeungkeun..

-----Original Message-----
From: Ahmad Junaedi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, July 21, 2004 6:47 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Nepangkeun...


Assalamu'alaikum...
Sampurasun...
 
Hapunten sim kuring kumawantun...
Kang Yaya.. umajak ka sim kuring ngiring sabeungkeutan dina "milist" ieu.
Kanggo pribados... nambih wargi sareng silaturahmi kalebet hal anu peryogi
diutamikeun.. tambih-tambih oge.. dina raraga ngamumule budaya karuhun,
terutami basa Sunda.
Langkung tipayun, punten sim kuring bade nepangkeun...
Sakumaha diuningakeun ku kang Yaya..
Wasta pun Ahmad Junaedi, pituin urang Sunda ti tatar pakidulan, Kampung
Lodaya di Surade Kabupaten Sukabumi.  Namung saparantos nyukcruk elmu di IPB
Bogor, katerasan bumen-bumen di Bogor.  Danget ieu, pribados nuju neraskeun
nyukcruk elmu di Korea dina widang tatanen.
 
Rupina kanggo samentawis cekap heula, manawi kirang tiasa ditambih sanes
waktos.  Hatur nuhun ..
sareng mugia dimaklum.. bilih basa Sunda pribados kirang merenah, margi
parantos teu biasa ngangge dina prak-prakan sadidinten.
 
Wassalamua'alaikum,
Ahmad Junaedi, cekap disebat Junaedi.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke