Yi, akang ngirng bela sungkawa mudah-mudahan almarhumah ditampi iman islamna kitu deui 
nu ditinggalkeun sing dipaparinan kakiatan. amien.
baktos ti Gresik,
Tito Suryana
  ----- Original Message ----- 
  From: Rukayadi Yaya 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Cc: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Monday, July 19, 2004 11:06 AM
  Subject: [UrangSunda] Neda pidu'ana, hatur nuhun.


  Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara poe
  ieu panon poe beunta.

  Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun slides
  pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment. Jam 6
  isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan, sanggeus
  baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah"
  dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah, kira-kira
  tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh lantaran
  kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya
  geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin euweuh
  sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna, cenah
  sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung.

  Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh geus
  parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung ceuli
  geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon deui,
  teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae, cenah
  Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan.

  Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung teh
  sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek nelpon
  teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku salah
  sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26
  urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron tempat
  kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh
  kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi nelpon
  sakali tapi keur sibuk deui bae.

  Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu teh
  geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus
  dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang".

  Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu harita
  keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi sadar,
  kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan,
  hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa
  balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda, hate
  bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae
  ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun.
  Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj. Eruk
  Rukmini.

  Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin.

  Tungtung Seoul,
  Yaya Rukayadi



  __________________________________
  Do you Yahoo!?
  Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign!
  http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/




  Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
   
  Yahoo! Groups Links



   



[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke