Tetela milihan Carpon keur lomba teh hese, kusabab aya hahalang atawa sarat
diantarana ulah panjang teuing, cukup tilu kaca folio.
Tilu kaca folio teh dicoba dibaca, meh meakeun waktu dua puluh menit da
macana dihaja diancad laerkeun, lamun saurang dua puluh menit, meureun lamun
aya kana tilu puluh jalmana meureun bakal meakeun waktu sapuluh jam, beu nu
lalajo kaburu bubar manten.
Sabenerna kuring geus milih sapuluh Carpon tina buku Kanagan, Panggung
Wayang, Dogdog Pangrewong, sareng tins buku karangan Ahmad Bakri.
Karangan karangan teh dipilih anu rada heureuy, pikaseurieun, aya malah loba
ngan nyakitu panjang teuing, enya da lomba ayeuna mah keur umum anu tingkat
apresiasi kana sastra/basa Sunda teu sarua.
Tadi peuting disawalakeun deui, tungtungna dipatotoskeun lomba teh tetep
maca carpon ngan rada dihususkeun carita anu pikaseurieun ( rek dicokot tina
buku Beregejed, Buntut Oa, Landong Baeud jeung tina Pangalaman Para Mitra
dina Mangle ), jadi basa-na teh basa anu memang ku pangarangna ditujukeun
keur carita paseurieun (guguyon).
Ngan dina hate rada aya nu nyangked, naha kujalan ngalombakeun carita
guguyon, sanajan ngan ukur tingkat RW, teu matak ngajadikeun beuki kentelna
tuduhan yen urang Sunda mah resep heureuy, padahal dilingkungan kuring teh
lain ukur urang Sunda, da taun katukang ge basa aya lomba baca dongeng basa
Sunda, pamilon teh aya urang Palembang, Jawa jeung.....China.
Tapi keun bae lah, samistina bangsa nu sok resep heureuy teh kaasup jalma
anu merdeka.
MSasmita
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/