Bangga basa sunda teu sarua hartina jeung bangga basa indonesia. Bangga sunda hartina sarua jeung hese kacida atawa beurat kacida, ari bangga basa indonesia mah saharti jeung besar hati,merasa unggulmun disundakeun mah reueus, agul
Kulantaran loba nu nyangka sarua tea hartina bangga sunda jeung bangga indonesia teh nya nepi ka aya kajadian kieu : Dina hiji kasempetan ngaresmikeun pabukon di desa tibra anu diluuhan ku kapala desa, pupuhu panitia dina biantarana nyarita “bapo kapala desa anu ku sim kuring saparakanca dipihormat, simkuring sadayana ngaraos bangga, wireh pangersa bapa parantos tiasa ngaluuhan diresmikeunana ieu pabukon” Dina biantara sambutan kapala desa sabada nganuhunkeun ka panitia,anjeuna sasauran ".....ngan simkuring moal lila-lila di dieu, da geuning saur pupuhu panitia tadi,kadatangan ku simkuring teh ngaraos bangga,jadi matakngahesekeun pisan" Atuh puguh loba anu tingraringeuh tingpolohok teu ngarti, untung aya salahsaurang anu tandang ka hareup, ngajentrekeun salah ngahartikeun kecap bangga Tah baraya......sasieureun sabeunyeureun saleupeuteun satimbeleun mugia katampi kalayan nyugemakeun.....he....he.....he.....!!!! Oby tea =========================================================================================== "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis.. Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 " =========================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

