Hag, siah ! Mangkaning nu kitu basana teh lain ukur pupuhu panitia anu didongengkeun ku kang Oby wungkul, rrrrrreaaaaaa baraya !
Tah ti ayeuna ka payun mah ulah dianggap bangga atuh basa Sunda teh. Asal leukeun nengetan posting kang Oby, moal burung kakoreh !
Kumaha lamun kang Oby-na salah ? Bejakeun ka kula ! aha aha aha !
Salam,
Kang Dien
bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bangga basa sunda teu sarua hartina jeung bangga basa
indonesia. Bangga sunda hartina sarua jeung hese kacida
atawa beurat kacida, ari bangga basa indonesia mah saharti
jeung besar hati,merasa unggulmun disundakeun mah reueus,
agul
Kulantaran loba nu nyangka sarua tea hartina bangga sunda
jeung bangga indonesia teh nya nepi ka aya kajadian kieu :
Dina hiji kasempetan ngaresmikeun pabukon di desa tibra
anu diluuhan ku kapala desa, pupuhu panitia dina
biantarana nyarita “bapo kapala desa anu ku sim
kuring saparakanca dipihormat, simkuring sadayana ngaraos
bangga, wireh pangersa bapa parantos tiasa ngaluuhan
diresmikeunana ieu pabukon”
Dina biantara sambutan kapala desa sabada nganuhunkeun ka
panitia,anjeuna sasauran ".....ngan simkuring moal
lila-lila di dieu, da geuning saur pupuhu panitia
tadi,kadatangan ku simkuring teh ngaraos bangga,jadi
matakngahesekeun pisan"
Atuh puguh loba anu tingraringeuh tingpolohok teu ngarti,
untung aya salahsaurang anu tandang ka hareup,
ngajentrekeun salah ngahartikeun kecap bangga
Tah baraya......sasieureun sabeunyeureun saleupeuteun
satimbeleun mugia katampi kalayan
nyugemakeun.....he....he.....he.....!!!!
Oby tea
===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

