Poe Minggu kamari kuring nganteur barudak jeung indungna jalan-jalan 
ka BSM (Bandung Supermal) di Jl. Gatot Subroto Bandung. Asup teh ti 
panto beulah kaler, anu langsung asup ka METRO Departemen Store. Pas 
asup pasanggrok pisan jeung nu di"blankon" jeung disamping batik, 
mimiti mah nyangka teh eta "jelema" sasab rek ka ondangan adat Jawa, 
kalah ka asup ka Mall. Tapi sanggeus disidik-sidik geuning pagawe 
METRO. Rurut-reret, eulueh geuning nu diblangkon teh ampir kabeh 
pagawe METRO, malah aya nu make baju adat jawa lengkep jeung 
kerisna. Hawar-hawar kadenge lalaguan jawa, suasana Metro BSM teh 
mere nuanasa di Jawa Tengah atawa di Yogya. 

Panasaran aya acara naon, kuring nyampeurkeun kanu di"blankon" jeung 
make keris, terus nanya keur aya acara naon ieu teh. Jawab manehna 
cenah dina rarangka agustusan, Metro Dep. Store pagawena disina 
marake baju adat Yogya. Ceuk kuring teh, apan ieu mah di Bandung, 
lain di Yogya? jadi ari kitu mah nu merdeka teh ngan urang Yogya 
wungkul atuh, ari urang SUnda jeung nu sejen mah can merdeka.

Dikitukeun teh manehna jiga nu bingung, kalahka pok ngajawab :" 
Mungkin adat bandung tahun depan pak atau adat Papua!". Sidik 
manehna ngajawab sangeunahna, kuring haroream neruskeun ngomong, 
mending ngaleos. Ngan tetep we teu ngarti, kunaoan perayaan tujuh 
belas agustus, di Bandung, di tempatna urang Sunda, kudu dirayakeun 
make adat Yogya jeung lagu-lagu jawa? Ari 17 Agustus teh milik saha? 


=WALUYA=
[Nu keur ngenes]







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke