Kedah kumaha ieu mairanana...., muhun kitu lah da anu gaduh kukuatan, kakuasaan sareng artos teh seuseurna urang wetan (duka timana tah), janten sanaos dilembur batur oge, da ngarasa kuat, ngarasa kawasa, ngarasa boga duit....., budaya pribumi, parasaan pribumi mah moal dianggap/diragangan.
Cobi wargi Kusnet bade aya anu leukeun, ngadaftar pausahaan anu gaduhna US, ti ngawitan Jongko dugi ka Supermal/Dept. Store dugi ka pausahaan raksasa (upami aya).
Kumaha urang peres ACI (Aku Cinta Indonesia) janten KDS (Kuring Deudeuh Sunda) atanapi ANS (Abdi Nyaah Sunda) atanapi naon bae lah kitu...
 
Pihatur
SSW
 
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Poe Minggu kamari kuring nganteur barudak jeung indungna jalan-jalan ka BSM (Bandung Supermal) di Jl. Gatot Subroto Bandung. Asup teh ti panto beulah kaler, anu langsung asup ka METRO Departemen Store. Pas asup pasanggrok pisan jeung nu di"blankon" jeung disamping batik, mimiti mah nyangka teh eta "jelema" sasab rek ka ondangan adat Jawa, kalah ka asup ka Mall. Tapi sanggeus disidik-sidik geuning pagawe METRO. Rurut-reret, eulueh geuning nu diblangkon teh ampir kabeh pagawe METRO, malah aya nu make baju adat jawa lengkep jeung kerisna. Hawar-hawar kadenge lalaguan jawa, suasana Metro BSM teh mere nuanasa di Jawa Tengah atawa di Yogya.

Panasaran aya acara naon, kuring nyampeurkeun kanu di"blankon" jeung make keris, terus nanya keur aya acara naon ieu teh. Jawab manehna cenah dina rarangka agustusan, Metro Dep. Store pagawena disina marake baju adat Yogya. Ceuk kuring teh, apan ieu mah di Bandung, lain di Yogya? jadi ari kitu mah nu merdeka teh ngan urang Yogya wungkul atuh, ari urang SUnda jeung nu sejen mah can merdeka.

Dikitukeun teh manehna jiga nu bingung, kalahka pok ngajawab :"
Mungkin adat bandung tahun depan pak atau adat Papua!". Sidik
manehna ngajawab sangeunahna, kuring haroream neruskeun ngomong,
mending ngaleos. Ngan tetep we teu ngarti, kunaoan perayaan tujuh belas agustus, di Bandung, di tempatna urang Sunda, kudu dirayakeun make adat Yogya jeung lagu-lagu jawa? Ari 17 Agustus teh milik saha?


=WALUYA=
[Nu keur ngenes]


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke