wilujeung sonteun baraya sadaya ...
 
kamari minggu simkuring katut mahasiswa indonesia di Korea ngiringan menbal ngalawan mahasiswa Korea. nu jadi manajerna teh kang Yaya. Padahal kuring hampir geus 4 taun teu nincak lapang menbal teh, katut ayeuna di Korea teh ukur buburuh jadi TKI. tara fisik-fisik acan.
 
Atuh ari barang maen teh lumayan rada hehoh... sumawonna saba'da maen awak teh asa rujad, nyaleri awak yeuh... mending mun meunang mah menbalna. eleh deuih 3-1, ah dasar atuh geus lila tara nyoo bal, jadi we eleh, katambah geuning nu maen teh sabageanna mah teu bisa menbal, jadi pan ripuh keur nu bisa...
 
tah kumaha kang Yaya salaku manajer, sok geura bere seragam atuh tim na ngarah sumanegeut menbalna. keun kamari mah eleh ge da eta mah nu munggaran, sugan ari geus sering mag bakal kompak maenna... sanes kitu ...?
 
wassalamua'alaikum wr. wb.
 
Kin's


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke