Hanjakal puguh ge teu pendak sareng kang Duli, padahal tos caket, tos payuneun kantorna......ke kapayun deui urang di tlp hiji2 supados rempeg, kamari mah estu teu aya rencana, komo ka atrium senen mah......he he

"R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ngadangu wartos ti pun nyokap, aya talipung ti rerencangan namina Ani,
rencang sakola cenah, di emut-emut teu aya nu nami Ani basa sakola
kapungkur mah, ari pek maca ieu imel geuning Neng An anu nalipung dinten
saptu kamari teh, keleresan abdi nuju teu ngantor, nuju ameng ka bekasi
- meser kandang japati

Punten hilap ngawartosan no hp abdi gentos, nu lami dianggo ku pun
nyokap, janten tangtos kamari anu ngawaler talipung na teh soanten awewe
sanes awowo.


Cag ahhh...


Adul Dodet



-----Original Message-----
From: Ani Puspita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 02 Agustus 2004 10:53
To: '[EMAIL PROTECTED]'; '[EMAIL PROTECTED]'
Subject: RE: [Urang Sunda] test --> Tepang di Daihatsu Sunter

Halow Teh Icho........

Alhamdulillah urang tiasa patepang raray geuningan nya, bari jeung teu
aya
janji heula  sateuacan na. Singhoreng Teh Icho teh mani geulis jangkung
tur
marahmay, hapunten kadongkapan ku abdiw sareng T' Tien nu teu
direncanakeun
tos ngawagel jadual teteh sareng akang hehehehe......
Nuhun kana jamuan na di Atrium Senen, ani mah tidinya teras ka pajiten
deui
sareng teh Tien, kulem sakasur bari ngobrol ngaler ngidul teu nyangki
geuningan tadina ti alam maya bet janten tiasa bobo sakasur hihihihi...
Teras enjing-enjing di jajap ku rayina teh Tien teh Tati nu bageur tea
ka
Gambir da Teh Tien bade ka Bandung aya acara sareng kang Oman. Abdi mah
bius
we ka Cikarang (tadina bade ka Monas milarain kang Bowie nu sok joging
nganggo kaos Kusnet mung sieun ah, sieun tepang hehehe) teras we
ngaguher da
kirang kulem, ngimpen aya jajaka gandang nuju masihan coklat, mani raos
teh
singhoreng mung ngimpen.

Kang Panzi, kepongpong kupu-kupu, kachian dech lu.....
Akhirna abdi tiasa tepang sareng teh Tien, teh Icho teras nampi talipung
ti
teh Salma, mung nalipung kang Duli nu di Toyota HPna nuju ku istrina
saurna
teh hehehehe (leres istrina kituw ??)

Pokona janten sono hoyong tepang deui sareng Teh Icho, komo nuju jajap
Teh
Tien mah mani ramisak......
Iraha tepang deui nya ???


neng an..





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke