Teh Tien, nyanggakeun ieu pesenan; rumpaka lawas yasa Mang Engkos anu teu aya duana, pangsentimentilna di sadunya Tembang Sunda.
Duka naon margalantaranana. Rek tumaros teu aya waktos.
Kuring datang anjeuna mulang, cenah maot KALELEBAN.
Muga-muga ngan sakadar guguritan.
Ari Teteh ku naon bet tuturuti sentimentil ?
ASIH NU LEUNGIT
(Mang Engkos)
Moal arek baha sagala rupi dodoja,
nu bakal disanghareupan,
moal arek ngaraheutan,
sanajan kuring geus raheut,
balilihan eta mah banda manusa,
mega rumeuk ngahalangan cahya bulan,
moal lesot kawasna tina teuteupan,
da bonganna hate teh geus katalian,
nganteng lir sutra dewangga,
ngan panyipta kagagas ampir rek musna,
nu ngancik na panineungan.
Memeh layung hurung balebat nu kungsi datang,
mega kayas katambias,
panutan nu dipitineung,
hanjakal pegat harepan,
mawar ligar muguran samemeh mangsa,
peurih sedih nandangan tunggara bae,
ngagalindeng baluweng ku pitumbaleun,
mikameumeut susuganan dipitineung,
asih kuring nu meh leungit,
moal laas sanajan dugi ka pati,
keueung taya puntanganeun.
KELELEBAN
(Mang Engkos)
Pamungkas abdi talatah,
mun abdi dugi ka pati,
rurub ku karembong tea,
nu
di manglean ku malati,
luhur pasir da abdi kubur,
iuhan ku samoja,
tawis ati anu prihatin,
nyeri-peurih, nyeri-peurih,
maot abdi kaleleban.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

