Alhamdullilah kang Dede, si teteh keur cageur, kumaha sawalerna..? waas euy De..!!. mapay2 suku gunung, mapay2 gawir...iraha urang tepung deui..?? Kang Ya...emut teu...?? Muhun De "asih teh keur lengit".....kumaha carana supaya balik deui..? sok ah...DE...bere bongbolong, sok harianeun atuda...he he Komo keur usum katiga panas entak-entakan.............bayeungyang tea, hayang mah bubuligiran jiga budak......he he
Lajeungkeun DE......si teteh bari ......he he, heunteu buligirmah, ngan nuju kipas2......
 
Salam
teh Tien

Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
1. Euleuh teh..nuju "sentimentil"..kumaha damang nun?
na kunaon di....ku si AA, Teh Tien? Kumaha di Surabaya, usum naon, boa-boa usum " samer", kapanasan atuh, da Surabaya mah terkenal bayeungyang cenah...?
2. Abdi bade naros ka para wargi, naon judulna lagu ieunya, ieu lagu teh laguna Kang Darso kieu geura (sakainget):
 
Reff :
"Na iraha atuh bakal laksana
ngaitkeuin jangji asih
nu sajati ulah ngan ukur sawangan
 
Ah hanjakal kacida lamun teu laksana
ngaitkeun tali kaasih..
 
Hilap deui.....cing saha anu terang....anu resep lagu Kang Darso
 
3. Si Jalak Thea.........

Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

 ASIH NU LEUNGIT

(Mang Engkos)

 

Moal arek baha sagala rupi dodoja,

nu bakal disanghareupan,

moal arek ngaraheutan,

sanajan kuring geus raheut,

balilihan eta mah banda manusa,

mega rumeuk ngahalangan cahya bulan,

moal lesot kawasna tina teuteupan,

da bonganna hate teh geus katalian,

nganteng lir sutra dewangga,

ngan panyipta kagagas ampir rek musna,

nu ngancik na panineungan.

 

Memeh layung hurung balebat nu kungsi datang,

mega kayas katambias,

panutan nu dipitineung,

hanjakal pegat harepan,

mawar ligar muguran samemeh mangsa,

peurih sedih nandangan tunggara bae,

ngagalindeng baluweng ku pitumbaleun,

mikameumeut susuganan dipitineung,

asih kuring nu meh leungit,

moal laas sanajan dugi ka pati,

keueung taya puntanganeun.

 

KELELEBAN

(Mang Engkos)

 

Pamungkas abdi talatah,

mun abdi dugi ka pati,

rurub ku karembong tea,

nu tara tebih ti abdi,

di manglean ku malati,

luhur pasir da abdi kubur,

iuhan ku samoja,

tawis ati anu prihatin,

nyeri-peurih, nyeri-peurih,

maot abdi kaleleban.



Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke