NEDA WIDI KA
JISIM SEJA NEMBRAKKEUN KABUNGAH
Kahatur :
Pangersa Bapa Eddy Suryana
Linggih
di
Jisim kuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan, asa bagja tanpa tandingan nampi warti nu baris nitis na sanubari, bakal nyerep na angen-angen, nembus jajantung ngahudangkeun lelembutan.
Kintunan :
Buku Sangkakala Padjadjaran
Karya :
H. Setia Hidayat sareng Noor Syamsudin Chotib HAESY
Cetakan Pertama Agustus 2004, Penerbit PT Bina Rena Pariwara,
Parantos katampi dinten Rebo, ping 4 Agustus 2004, ku perantawisan putra anu linggih di Bekasi.
Lir mobok manggih gorowong, sugan enya kiwari nitih ka wanci, sugan enya ayeuna datang mangsana, Sunda megar sabada nyorang muguran, Sunda mekar ku jalaran daek mikir. Kapan eta putra Sumedang teh ahli pikir, kapan anjeuna inohong papayung urang, kapan eta putra Banten teh budayawan anu kawentar moyan. Atuh nya teu pamohalan mun urang gaduh angkeuhan, kahayang bakal kasorang, Silihwangi mulih deui, ngaheuyeuk Tatar Sunda.
Kuring jangji, �ieu buku� rek dibeuweung, rek diseuseup sangkan teuleum dina uteuk, ngarah nyerep kana angen, sugan ngancik na sanubari. Ngan wayahna, mun tea mah aya rungkangna, �ulah sambat kaniaya�, ulah nyangka kuring deleka, da rungkang mah taya gunana, rek didudut, rek ditembrakkeun sapuratina sangkan katara bahlana.
Namung awon kapiunjuk, pamugia kersa ngamaphum wireh sim kuring teu acan kantenan tiasa enggal-enggal nepangan bongan hirup sakaparan-paran, nanging sanes henteu puguh nu dijugjug, ieu mah estuning darma pigeusaneun ngala bagja barina nyinglaran bahla.
Pamungkasing nu kapihatur, mugia kauninga wireh disagedengeun bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri teh aya rasa reuwas kabina-bina, wireh sim kuring nembe terang kutan di
Pikir kuring,
Kantenan, ku kituna jisim kuring langkung-langkung kajurung, kumejot hoyong enggal-enggal pajonghok
Sakitu nu kapihatur, mugia sabar ngantosan.
Baktos ti Bekasi,
R. Didin Kustandi HMKK
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

