Wilujeng enjing Abah,, Sim kuring kantos maos ngeunaan hukum pati ngangge cara ditembak kieu.. eureus eta teh dina sababaraha urang anu nembak ngan hiji senapan anu dieusian pelor, sareng teu arapaleun anu mana anu dieusian.. tah dimana ti 12 tukang nembak ieu teu sampekeun ka bisa maot langsung, eta jadi tugasna komandan regu tembak anu niwasannana..
punten upami lepat,, Baktosna, -----Original Message----- From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, August 05, 2004 10:47 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Hukum pati! Terpidana mati kasus penyelundupan Heroin anu urang India, parantos dihukum mati tadi subuh (5/8-2004) di Medan. Wartos komplitna dina detik.com. Cenah mah Ayodhya nembe maot 7 menit saatosna ditembak nu hartosna salami 7 menit kasiksa. Cara ngahukum pati nganggo ditembak saleresna mah langkung nyiksa terpidana tinimbang diteukteuk beuheung (dipancung atawa diguilontine) atanapi digantung. Ngan kanggo algojo, "rasa bersalah" parantos maehan jelema kirang, margi nu nembak aya 12 urang, tapi anu aya pelor seukeutna mah ngan hiji bari nu nembak teu terang bedil mana nu eusian pelor "bener". Baheula kuring kantos maca artikel dina Koran, hilap deui koran naon, kantos kajadian nu dihukum pati teh, hirup keneh dugi ka dua jamna, kulantaran nu nembak rada menceng, teu keuna pisan kana mamarasna. Kabayang we adug-lajerna, nu nempo ukur ngalalajoan, teu bisa nulungan, da aranna ge sina paeh! Ceuk kuring mah hukum pati ku cara ditembak, teu manusiawi, kudu diganti ku carana nu leuwih manusiawi! -WALUYA- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

