Haturan Abah Willy,

Ceuk raraosan abdi, nu ngarana nyabut nyawa mah moal mendak cara nu
manusiawi da puguh ngarebut kamanusaan. saur ahli kantos kuring maca duka
dimana, nu paling ni'mat maot teh ku disuntik, kumargi aya dua obat nu
dianggo, kahiji pemati rasa nu sarimbag jeung narkotik (morfin, heroin) nu
kadua racun nu ngaruksak organ. Janten samemeh nemahan pati si korban
(sugan) kakalayangan (fly = mabok)heula. Ceuk ceunah deui, mabok heroin teh
nikmatna kacida, numatak rea nu kacanduan oge.

Tapi da keukeuh we judulna nyabut nyawa. Abdi mah numatak keukeuh teu satuju
hukuman pati teh. Lain pedah samata umur mah hak Alloh, atawa  hukum manusa
mah teu sampurna, tapi nya kitu, teu tegaan. Boro-boro ninggal nu dipateni,
dalah sakadar ninggal nu gelut ku peureup baloboran getih ge sok teras
seueul.

Mun enya hiji jelema kacida ngaruksakna kana kahirupan jelema sejen, cekap
kurungan we saumur hirup...

-----Original Message-----
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, August 05, 2004 11:17 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Hukum pati!


Terpidana mati kasus penyelundupan Heroin anu urang India, parantos 
dihukum mati tadi subuh (5/8-2004) di Medan. Wartos komplitna dina 
detik.com. Cenah mah Ayodhya nembe maot 7 menit saatosna ditembak nu 
hartosna salami 7 menit kasiksa. Cara ngahukum pati nganggo ditembak 
saleresna mah langkung nyiksa terpidana tinimbang diteukteuk 
beuheung (dipancung atawa diguilontine) atanapi digantung. Ngan 
kanggo algojo, "rasa bersalah" parantos maehan jelema kirang, margi  
nu nembak aya 12 urang, tapi anu aya pelor seukeutna mah ngan hiji 
bari nu nembak teu terang bedil mana nu eusian pelor "bener".

Baheula kuring kantos maca artikel dina Koran, hilap deui koran 
naon, kantos kajadian nu dihukum pati teh, hirup keneh dugi ka dua 
jamna, kulantaran nu nembak rada menceng, teu keuna pisan kana 
mamarasna. Kabayang we adug-lajerna, nu nempo ukur ngalalajoan, teu 
bisa nulungan, da aranna ge sina paeh!

Ceuk kuring mah hukum pati ku cara ditembak, teu manusiawi, kudu 
diganti ku carana nu leuwih manusiawi!

-WALUYA- 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke