Hapunten baraya, sim kuring aya carita anu disundakeun perlu lenyepaneun alias renungan di malem jumaah tah :
saperti biasana aya hiji lalaki sebut weh si Uajng datang ka salah sahiji salon rek nyukur buukna jeung janggotna. Manehna ngamimitian nyieun ngobrolkeun masalah naon wae jeung tukang cukur.
sagala obrolan jalan terus anu ahirna Allah jadi poko obrolan.
" hai Jang kuring mah teu percaya lamun Allah teh aya saperti anu dicaritakeun ku anjeun " ceuk tukang cukur.
Ngadenge caritaan kitu si ujang ngajenghok terus nanya, " Naha Emang bet ngomong kitu ?"
"gampang pisan atuh sok tingali kaluar jandela pan Allah teh euweuh, sok jelaskeun ka kuring lamun Allah teh aya, kunaon loba jelema gering ? kunaon loba barudak terlantar? (sundana naon ?). Lamun Allah eta aya pastina oge taya jalma anu gering jeung ngalami penderitaan (sundana ? ), Allah naon anu ngijinkeun kajadian ieu tumiba ka sarerea ? " tempas tukang cukur rada sengit.
Si Ujang mikiran caritaan tukang cukur bieu, tapi manehna teu ngarespon ngarah obrolan teu  kateterusan.
beres di cukur si ujang kaluar ti salon, karek oge sabaraha lengkah manehna pasarandog jeung hiji lalaki anu buukna panjang jeung bewokan. katingalina lalaki eta geus lila teu katukang cukur sabab katingalina oge buukna awut-awutan.
 
Si Ujang balik deui ka salon, terus ngomong ka tukang cukur : " eh sabenernamah tukang cukur teh euweuh!"
 
si tukang cukur ngajenghok ngadenge omogan si ujang pok ngomong :" ceuk saha euweuh ? buktina kuring, kuring aya didieu nya tukang cukur."
 
Siujang langsung nembalan daria:" Teu, taya tukang cukur didieu, lamun maranehna (tukang cukur tea) aya moal mungkin aya jalma buukna panjang jeung rambosbos ku janggot saperti conto lalaki di luar."
 
" ah anjeun mah aya-aya wae tukang cukur teh aya dimana-mana, anu karandapan ku lalaki itu nyaeta MANEHNA EMBUNGEUN DATANG KA SALON KURING supaya di cukur." ceuk manehna bari seuri leutik asa meunang.
 
"BENER..PAS" tembal si Ujang. " eta nu penting, YEN ALLAH TEH AYA. kajadian ANU SABENERNA  nyaeta sakabeh JALMA EUWEUH KAHAYANG DATANG, NEANGAN JEUNG WANOH KA MANTEN-NA. itulah sebabnya tampak begitu banyak penderitaan (rada kagok sundana kalimat teh) di sakuliah dunya.
 
aya catetan tihandapna : lamun anjeun resep carita ieu pek lenyepan, tapi lamun sapikiran jeung tukang cukur abaikan kisah ini.
hapunten anu kasuhun ku kuring disundakeun bari jeung rea nu salah oge.
baktos,
Tito Suryana Telkom Gresik
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke