Haturan kang Tantan, wilujeng "tepang" sareng pribados.
Kaleresan "sekilas info" ti akang teh nyabit oge perkawis anu rada "haneut" di kampus "panggebug kasur" tempat pribados "koreh-korek cok".
Hanjakal sim kuring henteu terang jujutan anu percisna, janten henteu tiasa mairan... Namung... ayana "riak respon" ti sapalihna pihak di lebet kampus eta nawiskeun...memang nyandak hiji kaputusan/kawijaksanaan teh kedah "asak-asak" dibeuweung-diutahkeun... program teh saenamah di-uji publik (samemeh dilaksanakeun), upama henteu.. antukna .. pihak anu panasaran teh nga-uji publik-na dina waktu program nuju digarap.
Punten dupi akang teh ti mana sareng anu dimana....
Baktosna,
Ahmad Junaedi
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
kamari tempat kuring buburuh kadongkapan anu
ngageugeuh univ gajah cindeten tempat Mang Jamal
bareto ulin bari nyukcruk elmu.
Nyaan, sok sanajan hideng oge (punten sanes ngahina,
da geuning anjeuna mah teu isin ngakukeun diri hideung
teh), anjeuna bener-bener cendikiawan anu
pikareu-euseun.
Di antarana ngadiskusikeun program-program anu rada
rusiah lah jang publik mah, margi nyangkut strategi
anjeuna dina ngawangun ITB anu aya embel2a BHMN tea.
Ngan, anjeuna ngajeulaskeun hiji anu matak
pikareueuseun, nyaeta nalika anjeuna narik "mang dana"
ti jalma benghar jang ngasubsidi jalma anu biasa tur
masakat, cenah taun ieu oge tetap nganggo jalur eta.
kunaon? sabab ITB butuh. Tah ITB teh kudu jadi
"berperilaku" siga korporat, tanpa ngalakukeun
komersialisasi pendidikan.
ITB cukup sukses, nalika kamari geus bisa narik
sa..... Tah supaya publik teu ragu, dana eta teh
dibalikkeun deui ka publik, di antarana jang ngarobah
pabrik-pabrik amoniak anu aya di ITB jadi WC.
Kadua, taun ieu ITB tetep narik saperti kamari. malah
ayeuna jumlahna sa.....(kedah ngaharewos eta mah).
langkung ageung meunangna.
Ayeuna di IPB.
Saperti anu kasaksian ku urang, IPB mah keur kisruh,
rame. Kampung geus pabaliut antara tempat neangan elmu
jeung balanja. Antara taeun jeung taeun.
Kuring satuju jeung pamendak Pak Kus (Rektor ITB) yen
lamun masalah IPB teu beres, ieu bisa jadi preseden
goreng jang PT PT lain. Deuk jadi BHMN teu wani, deuk
menta subsidi wae siga bareto geus hese.
Cag,
tantan
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

