Punten kang Oby, neda warti nu langkung teges :

1.    Saur saha lagu Manangis nganggo laras sorog ?

2.    Dupi eta rumpaka kengeng nyutat tina buku naon, karangan

     saha, kaca sabaraha ?

3.    Lagu Manangis, sering disebat Sinom Manangis, margi guguritanana nganggo aturan Pupuh Sinom (8a-8i-8a-8i-7i-8u-7a-8i-12a) contona sapertos dangdingan kang Dedy Windiagiri di hadap ieu : (haturan Teh Tien anu nuju sentimentil, nyanggakeun ieu guguritan)

Lir ciibun kapanasan                                               8a

beurang jeung peuting laleungit                               8i

nu natrat gurat tapakna                                             8a

ukur kanyeri kapeurih                                              8i

geus kesel nganti-nganti                                           7i

tumpur leburna bangbaluh                                        8u

nu nalikung nyangkalak                                            7a

teu kalis ceurik ngageuri                                          8i

wegah seunggah maparah hanca lumampah           12a

Namung sok sanaos kitu, tiasa disebatkeun umum, panembang sok rada nyimpang tina aturan, nanging nyimpangna masih keneh kawatesanan nyaeta : padalisan anu 7 engang sok dirobih janten 8 engang. Alesanana, 7 engang teh (cenah) kagok nembangkeunana, hese nyenggolkeunana. Contona kieu :

Teureup hejo pilemburan,                         8a

sono teh kaliwat leuwih,                           8i

meong congkok mungging ranjang,            8a

cing atuh kumaha abdi,                              8i

unem gede wadah cai,                               8i

nya pikir asa kaduyung,                             8u

reregan sabudeur imah,                             8a

bati kasangsara diri,                                  8i

randu leutik, napas bati humandeuar        12a

Hatur uninga, wireh �generasi ngora� anu sayaga ngaraksa-ngariksa Tembang Sunda, sayaktosna regreg keneh. Ngan hanjakal, hirup-huripna teh lir ibarat pepetetan di pasir anu lungkawing, estuning macakal sorangan da tong boroning nu sejen, pamarentah daerahna oge teu katara daekeun malire ! Geura nya urang jojoan. Di Cianjur diasuh ku wargi urang nu ayeuna aya di Seoul, nyaeta �Keluarga Besar Wiradireja�. Nya kitu deui di Bandung, teu kirang-kirang nonoman asuhan kang Yus Wiradireja, atuh pakempelanana, aya di mana-mana da atuh guruna oge sajabina ti kang Yus teh seueur keneh nu sanesna. Kang Apung aya keneh, Teh Ida Widawati getol keneh, Kang Birin oge teu acan liren, nu sanesna oge seueur keneh. Malihan mah nembe pisan sim kuring nampi warti cenah di Bandung teh aya Padepokan (Tembang Sunda) anyar binaan salah sawios Seniman (Intelektual) Sunda anu janten gegeden Pemda Jawa Barat,  nyaeta Bapa Ir. H. Setia Hidayat. Di Sukabumi aya Teh Imas Permas, di Bogor teu kirang seueur hasil atikan (almarhum) Bapa Bakang Abubakar, di Purwakarta aya kang Deden Guntari sareng kang Asep Sas, Ceu Neni, di Sumedang aya guruna guru-guru tembang nyaeta Ibu Enah Sukaenah Sobandi, Di Garut aya kang Barman Syahyana, kang Asep Kosasih, kang Ujang Bejo, kang Nyanjang sareng seueur deui nu sanesna. Kumaha di Bekasi, Karawang, Subang, Indramayu, Cirebon, aya ? Aya !

Nanging nyakitu, dugi ka kiwari teu acan aya oraganisasi (naon bae) anu kersa ngarintahkeun eta pepetetan kana lahan garapanana. Rupina, upami urang (oge) sami-sami teu (aya karep) malire, nya panginten angger bae bacacaran ! Kitu manawi kang Oby, hatur nuhun kana kamelangna.

 

Salam,

Kang Dien



bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jentreng kacapi jeung gelikna suling mirig haleuangna
simojang geulis anu mamos cianjuran tembang manangis dina
laras sorog :

Seuweu putu pajajaran,
Naha henteu katingali gunung,
Nu rampag ngajajar,
Eta minangka ajir,
Ciri pakuning bumi,
Tutunggul titinggal karuhun,
Ulah tungkul kajongjonan,
Pusaka pulihkeun deui,
Unggulcukul, santosa cara baheula,

(kumpulan tembang sunda, A. Tjitjah, Apung, SW)

Beu,........bener-bener geuning aya di tatar sunda,di bali
geusan ngajadi ,kumpul ngariung jeung dulur-dulur, lain
sora koto jepang anu dipirig orkestra barat dina lagu
serenade tosseli atawa drigo,najan sarua jentrengna jeung
ngeunahna tapi angger sora waditra kacapi leuwih nyecep
sumeleketkana jero ati lain pedah kuring urang sunda dalah
pangakuan urang jepangna sorangan ahli musikologi,fumiko
tamura ngaku lamun mamaos cianjuran teh pang alusna pang
ngeunahna sadunya

Memang siga nu teu sapira pangaruhna kana hirup jeung
huripna budaya jeung basa sunda, pedaran sakasampeurna
ieu, tapi lamun dilenyepan maH.....aya hiji rasa
kamelang,aya hiji rasa
karempan.....sieun......sieun.........jentreng kacapi
jeung gelikna suling teu kadenge deui.......

Cing baraya.......aya anu uninga generasi ngora anu
neruskeun tapak lacak ahli kacapi atanapi ahli suling lian
ti mohamad tan deseng di jalan malabar bandung anu kamari
di dongdon ku pupuhu dprd bapa eka santosa.......???

Oby tea

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke