gan didin........,hatur nuhun pangjentrena.......ieu milis 
ku simkuring disimpen dina cutatan pribadi, sakali deui 
hatur nuhun.....!!!!

Oby tea



On Thu, 5 Aug 2004 18:42:05 -0700 (PDT)
  Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Punten kang Oby, neda warti nu langkung teges :
> 
> 1.    Saur saha lagu Manangis nganggo laras sorog ?
> 
> 2.    Dupi eta rumpaka kengeng nyutat tina buku naon, 
>karangan
> 
>     saha, kaca sabaraha ?
> 
> 3.    Lagu Manangis, sering disebat Sinom Manangis, 
>margi guguritanana nganggo aturan Pupuh Sinom 
>(8a-8i-8a-8i-7i-8u-7a-8i-12a) contona sapertos dangdingan 
>kang Dedy Windiagiri di hadap ieu : (haturan Teh Tien anu 
>nuju sentimentil, nyanggakeun ieu guguritan)
> 
> Lir ciibun kapanasan 
>                                              8a
> 
> beurang jeung peuting laleungit 
>                              8i
> 
> nu natrat gurat tapakna 
>                                            8a
> 
> ukur kanyeri kapeurih 
>                                             8i
> 
> geus kesel nganti-nganti 
>                                          7i
> 
> tumpur leburna bangbaluh 
>                                       8u
> 
> nu nalikung nyangkalak 
>                                           7a
> 
> teu kalis ceurik ngageuri 
>                                         8i
> 
> wegah seunggah maparah hanca lumampah           12a
> 
> Namung sok sanaos kitu, tiasa disebatkeun umum, 
>panembang sok rada nyimpang tina aturan, nanging 
>nyimpangna masih keneh kawatesanan nyaeta : padalisan anu 
>7 engang sok dirobih janten 8 engang. Alesanana, 7 engang 
>teh (cenah) kagok nembangkeunana, hese nyenggolkeunana. 
>Contona kieu :
> 
> Teureup hejo pilemburan,                         8a
> 
> sono teh kaliwat leuwih,                           8i
> 
> meong congkok mungging ranjang,            8a
> 
> cing atuh kumaha abdi,                              8i
> 
> unem gede wadah cai,                               8i
> 
> nya pikir asa kaduyung,                             8u
> 
> reregan sabudeur imah,                             8a
> 
> bati kasangsara diri, 
>                                 8i
> 
> randu leutik, napas bati humandeuar        12a
> 
> Hatur uninga, wireh &#8220;generasi ngora&#8221; anu sayaga 
>ngaraksa-ngariksa Tembang Sunda, sayaktosna regreg keneh. 
>Ngan hanjakal, hirup-huripna teh lir ibarat pepetetan di 
>pasir anu lungkawing, estuning macakal sorangan da tong 
>boroning nu sejen, pamarentah daerahna oge teu katara 
>daekeun malire ! Geura nya urang jojoan. Di Cianjur 
>diasuh ku wargi urang nu ayeuna aya di Seoul, nyaeta 
>&#8220;Keluarga Besar Wiradireja&#8221;. Nya kitu deui di Bandung, 
>teu kirang-kirang nonoman asuhan kang Yus Wiradireja, 
>atuh pakempelanana, aya di mana-mana da atuh guruna oge 
>sajabina ti kang Yus teh seueur keneh nu sanesna. Kang 
>Apung aya keneh, Teh Ida Widawati getol keneh, Kang Birin 
>oge teu acan liren, nu sanesna oge seueur keneh. Malihan 
>mah nembe pisan sim kuring nampi warti cenah di Bandung 
>teh aya Padepokan (Tembang Sunda) anyar binaan salah 
>sawios Seniman (Intelektual) Sunda anu janten gegeden 
>Pemda Jawa Barat,  nyaeta Bapa Ir. H. Setia Hidayat. Di 
>Sukabumi aya Teh Imas Permas, di Bogor teu kirang seueur 
>hasil
> atikan (almarhum) Bapa Bakang Abubakar, di Purwakarta 
>aya kang Deden Guntari sareng kang Asep Sas, Ceu Neni, di 
>Sumedang aya guruna guru-guru tembang nyaeta Ibu Enah 
>Sukaenah Sobandi, Di Garut aya kang Barman Syahyana, kang 
>Asep Kosasih, kang Ujang Bejo, kang Nyanjang sareng 
>seueur deui nu sanesna. Kumaha di Bekasi, Karawang, 
>Subang, Indramayu, Cirebon, aya ? Aya !
> 
> Nanging nyakitu, dugi ka kiwari teu acan aya oraganisasi 
>(naon bae) anu kersa ngarintahkeun eta pepetetan kana 
>lahan garapanana. Rupina, upami urang (oge) sami-sami teu 
>(aya karep) malire, nya panginten angger bae bacacaran ! 
>Kitu manawi kang Oby, hatur nuhun kana kamelangna.
> 
> 
> 
> Salam,
> 
> Kang Dien
> 
> 
> bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Jentreng kacapi 
>jeung gelikna suling mirig haleuangna 
> simojang geulis anu mamos cianjuran tembang manangis 
>dina 
> laras sorog :
> 
> Seuweu putu pajajaran,
> Naha henteu katingali gunung,
> Nu rampag ngajajar,
> Eta minangka ajir,
> Ciri pakuning bumi,
> Tutunggul titinggal karuhun,
> Ulah tungkul kajongjonan,
> Pusaka pulihkeun deui,
> Unggulcukul, santosa cara baheula,
> 
> (kumpulan tembang sunda, A. Tjitjah, Apung, SW)
> 
> Beu,........bener-bener geuning aya di tatar sunda,di 
>bali 
> geusan ngajadi ,kumpul ngariung jeung dulur-dulur, lain 
> sora koto jepang anu dipirig orkestra barat dina lagu 
> serenade tosseli atawa drigo,najan sarua jentrengna 
>jeung 
> ngeunahna tapi angger sora waditra kacapi leuwih nyecep 
> sumeleketkana jero ati lain pedah kuring urang sunda 
>dalah 
> pangakuan urang jepangna sorangan ahli musikologi,fumiko 
> tamura ngaku lamun mamaos cianjuran teh pang alusna pang 
> ngeunahna sadunya
> 
> Memang siga nu teu sapira pangaruhna kana hirup jeung 
> huripna budaya jeung basa sunda, pedaran sakasampeurna 
> ieu, tapi lamun dilenyepan maH.....aya hiji rasa 
> kamelang,aya hiji rasa 
> karempan.....sieun......sieun.........jentreng kacapi 
> jeung gelikna suling teu kadenge deui.......
> 
> Cing baraya.......aya anu uninga generasi ngora anu 
> neruskeun tapak lacak ahli kacapi atanapi ahli suling 
>lian 
> ti mohamad tan deseng di jalan malabar bandung anu 
>kamari 
> di dongdon ku pupuhu dprd bapa eka santosa.......???
> 
> Oby tea
> 
> ===========================================================================================
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di 
>www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet 
>Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, 
>Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
> ===========================================================================================
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>   To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>  
>   To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>  
>   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! 
>Terms of Service. 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke