Para pamiarsa,
Jaman baheula, dina abad ka 4 SM nepi ka abad 2 Masehi, kacarioskeun 
ayana Karajaan Caringin Kurung anu markasna aya di Puncak Manik, 
Gunung Handalus (kiwari mah katelah Gunung Salak, Bogor). 
Diparentah ku Raja Caringin Kurung I nepi ka Raja Caringin Kurung 
XIII.

Raja Mulawarman ti Kutai anu kasebat dina buku sajarah raja nu 
pangkolotna, rupina masih katurunan ti Raja Caringin Kurung IV. Kitu 
deui Raja Purnawarman ti Karajaan Tarumanegara, rupina masih kawilang 
minantu ti Raja Caringin Kurung IV.

Ku katerangan model kieu, sidik yen urang sunda teh leuwih kolot boh 
ti urang jawa atanapi ti nu lianna di Nusantara. Karuhun urang teh 
rupina urang-urang Bogor keneh geuning nya ?

------------------

Punten, sanes sok nyanyahoanan. Ieu katerangan teh aya dina Pengantar 
buku Babad Misteri Kabut Caringin Kurung karangan Al Habib Faridhal 
Attros Al Kindy, Guru Besar Perguruan Mahesa Kurung nu aya di Bogor.
Bejana bukuna oge kandel, aya kana 1500 kaca.

Jisim abdi teh upruk-aprak milarian buku ieu ka unggal toko buku, 
tapi nepi ka ayeuna teu acan mendakan. Panasaran. 

Bilih aya pamiarsa anu uninga, ayana dimana, pangaosna sabaraha, cik 
atuh bejaan.


Hatur nuhun
Ndoell thea













------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke