Kang ndoel anu nuju hanaang ku sajarah Sunda, Geus kudu jadi kasadrahan pikeun sing saha bae anu icikibung dina milist enggoning nyanghareupan jeujeur posting anu ngarandapan bulak- balik deui dipadungdengkeun. Salah sahijina jejer sajarah Sunda ieu. Kituna teh sabab arang langka anu asup ka milist bari ngawitan posting satutasna mukaan arsip-arsip file di eta milist. Keun bae, da kitu umumna.
Ti payun kungsi dipedar di ieu milist, oge di milist kisunda, sajarah asal-usul karajaan-karajaan Sunda dumasar naskah Wangsakerta (anu tepi ka ayeuna masih jadi polemik ngeunaan kaabsahanna ieu nasakah). Malah ngeunaan buku "Babad Misteri Kabut Caringin Kurung" (anu sigana ukur karek diiklankeun wungkul) oge asana sabudeureun awal tahun ieu kantos dipadundengkeun di ieu milist. Mangga uningaan bae dina arsip-arsip di eta 2 milist. Kacindekanna, diantarana anu penting, memang Sunda teh leuwih kolot tinimbang Jawa (wetan). Pikeun malikan deui catur nu kapungkur, obrolan nu ti heula, mangga urang guar deui, nyutat tina buku "Riwayat Penulusuran Masa Silam Sejarah JAwa Barat" (RPMSSJB) kenging Kang Saleh Danasasmita alm, saparakanca (bukuna 4 jilid, di sim kuring aya alsina, opatanana). Ieu proyek buku RPMSSJB teh sumber utamana nyaeta tina Naskah Wangsakerta (NW, hiji naskah anu kapendak bari dihaja diguar ku Kang Saleh Danasasmita sprkc salami nuliskeun eta buku RPMSSJB. Numutkeun NW, karajaan anu mimiti aya di Nusantara teh nyaeta karajaan Salakanagara anu patempatanna di sabudeureun Cilegon ayeuna, ngadeg kl 140 M. Rajana anu mimiti katelahna Dewawarman I, hiji raja asal ti India anu nikah ka Pohaci Larasati, pituin urangsunda di Cilegon, puterana ti anu katelah aki jeung nini Tirem. Disebutkeun dina buku eta, sabenerna, asal muasal karajaan Salakanagara kamungkinan geus aya ti samemeh abad kahiji Masehi anu ngadegna di sabudeureun Agrabinta. Dewawarman I nurunkeun Dewawarman II, III tepi ka-8. Tiantanra anu ka VI atawa anu ka VII ( si kuring poho deui) nya nurunkeun Mulawarman anu hijrah ka Balakapura (Kutai), nikah ka puteri raja Balakapura, ngadegkeun karajaan Kutai. Ti Dewawarman ka VIII engkena turun raja Tarumanagara anu mayshur, nyaeta Purnawarman tea. Sakaligus babad Salakanagara mimiti pareum ditema ku Babad Tarumanegara (ibukotana sisi Citarum, sigana di sabudeureun Bekasi ayeuna. Urang bantun leunjeuran badagna bae. Ti Tarumanagara karajaan Sunda ditema ku Sunda Sembawa bareng jeung paremna mangsa gumilangna Tarumanagara. Anu ngadegkeun Sunda Sembawa taya lian ti Sang Tarusbawa tea dina awal abad 6 Masehi, ibu kota karajaanna di sabudeureun Kebon Raya, Bogor ayeuna. Ti Sunda Sembawa mimiti karajaan Sunda teh dibagi dua, nyaeta: Galuh jeung Sunda (Pakuan salku Ibukotana). Galuh diadegkeun ku Sang Wretikandayun dina abad ka 7 M, kalawan "jantan" menta supaya karajaan (Sunda Sembawa) dipisahkeun da geus lega teuing. Nya Citarum minangka wates, anu mana kuloneun Citarum kaasup Sunda, sedeng wetaneunna kaasup Galuh. Samemeh aya Galuh, kungsi aya karajaan-karajaan leutik anu kaasup transisi Sunda-Galuh, diantaran Kendan di Nagreg, oge (sigana) Galuh- Panjalu di Ciamis kulon. Wretikandayun ku anjeun eta katurunan keneh ti Tarumanagara (upama dicruk-cruk mah)ngalangkungan Kendan. Tah dina mangsa Galuh-Sunda, di wewengkon sejen geus ngaradeg karajaan-karajaan. Diantaran di Jawa Tengah (Mataram lama) oge di Sumatera (cikal-bakal Sriwijaya). Nya Wretikandayun ieu anu nurunkeun Sanjaya (kawentar) anu nurunkeun raja-raja di Jawa Tengah, diantaran anu ngadegkeun Candi Borobudur. Oge ti Sunda-Galuh (sabab kalan-kalan Sunda jeung Galuh teh ngahiji, dirajaan ku saurang raja) asal muasalna Raden Wijaya anu ngadegkeun Majapahit (Raden Wijaya putrana Permanadikusumah, incuna Prabu Darmasiksa, kl 1000 M anu, raja Sunda-Galuh anu masyhur). Sakitu bae heula anu kapihatur, bilih panjang teuing. Keur kacindekan saheulanan, sigana anu ngadegkeun karajaan Caringin Kurung, oge rajana, eta ngarupakeun salah sahiji katurunan Dewawarman. Aya kamungkinan, periode Caringin Kurung teh panyelang antara Salakanagara jeung Tarumanagara. Wallohu'alam. Sami sim kuring oge keur ngadagoan medalna eta buku babad Caringin Kurung. Salam baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Para pamiarsa, > Jaman baheula, dina abad ka 4 SM nepi ka abad 2 Masehi, kacarioskeun > ayana Karajaan Caringin Kurung anu markasna aya di Puncak Manik, > Gunung Handalus (kiwari mah katelah Gunung Salak, Bogor). > Diparentah ku Raja Caringin Kurung I nepi ka Raja Caringin Kurung > XIII. > > Raja Mulawarman ti Kutai anu kasebat dina buku sajarah raja nu > pangkolotna, rupina masih katurunan ti Raja Caringin Kurung IV. Kitu > deui Raja Purnawarman ti Karajaan Tarumanegara, rupina masih kawilang > minantu ti Raja Caringin Kurung IV. > > Ku katerangan model kieu, sidik yen urang sunda teh leuwih kolot boh > ti urang jawa atanapi ti nu lianna di Nusantara. Karuhun urang teh > rupina urang-urang Bogor keneh geuning nya ? > > ------------------ > > Punten, sanes sok nyanyahoanan. Ieu katerangan teh aya dina Pengantar > buku Babad Misteri Kabut Caringin Kurung karangan Al Habib Faridhal > Attros Al Kindy, Guru Besar Perguruan Mahesa Kurung nu aya di Bogor. > Bejana bukuna oge kandel, aya kana 1500 kaca. > > Jisim abdi teh upruk-aprak milarian buku ieu ka unggal toko buku, > tapi nepi ka ayeuna teu acan mendakan. Panasaran. > > Bilih aya pamiarsa anu uninga, ayana dimana, pangaosna sabaraha, cik > atuh bejaan. > > > Hatur nuhun > Ndoell thea ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

