di perpustakaan pangulinan, manggih buku rada kuleuheu, judulna, ARSITEKTUR TRADISIONAL Daerah Jawa Barat, nu nerbitkeun Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, proyek inventarisasi dan dokumentasi kebudayaan daerah jawa barat. 1984.
ieu ringkesna: tipologi (rupa wangunan), utamana ditoong di rupa suhunanana. tapi teu make angka, jadi lain Susuhunan XI. ieu kabeh dina model aslina, panggung. suhunan jolopong, suhunan nu lempeng. mun basa indonesia mah, atap pelana. siga pelana kuda. kacioge disebut regol. jogo anjing upami hoyong terang rupana siga kumaha, pilari heula anjing, terus sina jogo. mun teu daekeun olo. tah, mun geus jogo, siga model imah nu ieu, atawa tibalik, model imah kieu, siga anjing keur jogo. ditenjo ti gigir. suhunan hareup (nu siga bangus anjing) ngiuhan emper imah. badak heuay nu hoyong apal kumaha wanda imah nu siga badak heuay, walah hese ieu mah. kudu nganjang ka ujung kulon heula. ari dedeg na mah rada deukeut ka jogo anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup parahu kumureb, nya siga tangkuban parahu pisan. trapesium tibalik di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub. nu teu terang jubleg, pilari batu, takolkeun kana sirah. jubleg biasana tina batu, ditengahna dekok, siga cowet tapi ageung. julang ngapak julang teh ngaran manuk. dipake ku Maclain Point jang nyieun aula barat-aula timur itb. nya manehna nu nyebut ieu model teh ciri suhunan Sunda Besar. julang ngapak mun ditenjo ti hareup, suhunan kenca katuhu siga jangjang manuk julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. sambunganana di tengah, make tambahan siga gunting muka di punclutna. buka palayu suhunan sigan imah betawi aya emper panjang dihareup. buka pongpok rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan. geus heula ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

