Ujian Anatomi Hiji poe, Cecep nu mahasiswa kadokteran di Fakultas Tatamba Sato (Kedokteran Hewan) Universitas Alakpaul (beh ditueun Papua Ginianyar) nyanghareupan ujian mata kuliah anatomi. Cecep pusing kacida nyanghareupan ujian ti dosenna, nu nitah ngabedakeun rupa-rupa serangga tina potongan sukuna. Taak, si Cecep pundung, ngejat ti rohangan ujian bari ngabantingkeun panto satakerna. Dosenna nu nungguan ambek kacida, langsung ngageroan si Cecep nu geus aya luareun kelas. "Heh, maneh nu kaluar. Saha ngaran maneh?!!", saur Ki Dosen nu niat rek moal ngaluluskeun mahasiswana nu boga laku kawas kitu. "Yeuh, suku abdi, Bapa. Apal teu abdi saha..?", ceuk si Cecep bari ngelolkeun sukuna ka jeroeun kelas. *****************************
Petinju Nasional Can lila ieu, Hendri Tyson ngahadiran acara balakecrakan bareng jeung balad2na di hiji restoran. Bakating ku loba daharna, si Hendri kamerekaan, teu lila hayang ka cai miceun sawareh eusi beuteungna nu gembru. Geuwat bae manehna ka toilet nu aya di eta restoran. Ku sabab gantungan nu aya di jero wc ngan aya hiji, jeket kulit gombrang buatan Garutna digantungkeun di luar, deukeut wastafel. Sangkan jeketna teu leungit, manehna napelkeun kertas nu tulisanana "AWAS, ULAH WANI-WANI MALING JAKET IEU, NU BOGANA PETINJU NASIONAL!" Geus rengse urusanana di wc, barang kaluar ti wc, kasampak jeket kulitna geus leungit. Nu aya ukur kertas nu aya tulisanana "TONG DIUDAG LAH, NU MALING IEU JEKET TEH PELARI NASIONAL!" ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

