he he he. lain si jk kreatif euy eta citakan judulna
make ngahaja di-'tonggeng'-keun sagala.

4S-uJIAN aNATOMI pETINJU nASIONAL

salam,
mh

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ujian Anatomi 
> 
> Hiji poe, Cecep nu mahasiswa kadokteran di Fakultas
> Tatamba Sato (Kedokteran 
> Hewan) Universitas Alakpaul (beh ditueun Papua
> Ginianyar) nyanghareupan 
> ujian mata kuliah anatomi. Cecep pusing kacida
> nyanghareupan ujian ti 
> dosenna, nu nitah ngabedakeun rupa-rupa serangga
> tina potongan sukuna. Taak, 
> si Cecep pundung, ngejat ti rohangan ujian bari
> ngabantingkeun panto 
> satakerna. Dosenna nu nungguan ambek kacida,
> langsung ngageroan si Cecep nu 
> geus aya luareun kelas.
> "Heh, maneh nu kaluar. Saha ngaran maneh?!!", saur
> Ki Dosen nu niat rek moal 
> ngaluluskeun mahasiswana nu boga laku kawas kitu.
> "Yeuh, suku abdi, Bapa. Apal teu abdi saha..?", ceuk
> si Cecep bari 
> ngelolkeun sukuna ka jeroeun kelas.
> ***************************** 
> 
> Petinju Nasional 
> 
> Can lila ieu, Hendri Tyson ngahadiran acara
> balakecrakan bareng jeung 
> balad2na di hiji restoran. Bakating ku loba daharna,
> si Hendri kamerekaan, 
> teu lila hayang ka cai miceun sawareh eusi
> beuteungna nu gembru. Geuwat bae 
> manehna ka toilet nu aya di eta restoran. Ku sabab
> gantungan nu aya di jero 
> wc ngan aya hiji, jeket kulit gombrang buatan
> Garutna digantungkeun di luar, 
> deukeut wastafel. Sangkan jeketna teu leungit,
> manehna napelkeun kertas nu 
> tulisanana 
> 
> "AWAS, ULAH WANI-WANI MALING JAKET IEU, NU BOGANA
> PETINJU NASIONAL!" 
> 
> Geus rengse urusanana di wc, barang kaluar ti wc,
> kasampak jeket kulitna 
> geus leungit. Nu aya ukur kertas nu aya tulisanana 
> 
> "TONG DIUDAG LAH, NU MALING IEU JEKET TEH PELARI
> NASIONAL!"
> 



                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Express yourself with Y! Messenger! Free. Download now. 
http://messenger.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke