***********************************************************************************
Bismillah,
 
Haturan Kang Iwan, Kang Nasir, Kang Yiyi, Kang Hasan, Kang Oman lan Ka para wargi sadaya!
 
Kataji pisan pedaran ti Kang Oman. Mugi bae istilah ngamumule teh lain dina budaya jeung basa sewang-sewang, nanging sayaktosna kedah kanu lemah cai jeung tatar sunda oge.
 
Ieu kapihatur daftar panulangtik ti LIPI nu seueurna mah US, panginten tiasa dibetot salah sawiosna ka Babakan, mugi ajeunan tiasa ulubing mairan dina jejer nu saluyu sareng pangaropeaan kaayaan kiwari ditatar urang.
 
Anapon Puslit nu aya hubunganna dina 'life science':

- Puslit Bioteknologi di Cibinong Science Center (CSC)
- Puslit Biologi di CSC jeung Bogor
- Pusat Konservasi Kebun Raya Bogor di Bogor
- Puslit Kimia di Puspiptek Serpong jeung Bandung
- Puslit Oseanografi di Ancol
- Puslit Limnologi di CSC
Pamugi teu aya nu kakantun....

.....tah ieu staf Puslit Bioteknologi LIPI, mangga di ilo di 'link ' ieu
http://www.lipi.go.id/www/www.cgi?lihatemailpegawai&1036006290

Baktos na,
 
-pun adi-
 
*************************************************************

oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
..........................................
Harta Karun Pajajaran
 
Ngeunaan Kang Idrus, anjeunna salah saurang inventir, produkna kalintang potensialna kanggo ningkatkeun hasil tatanen. Lulusan Fak. Pertanian Unpad angkatan kahiji ieu kungsi ditawaran pindah jadi warga negara Malaysia, sabab produk sarana pertanianna harita kaerong ku Pamarentah Malaysia tiasa ngaronjatkeun pertanian di ditu. Salah sahiji penemuan ieu putra Subang kantos ditawar rumusna ku PT. Unilever, ngan teu mikeun. Oge aya hiji pausahaan Jerman anu kungsi nawar rumus kimia dasar anu penting keur industri sarana pertanian ciptaan anjeunna, sami, anjeunna heunteu masihkeun. Sigana, dina hal teu masrahkeunna anjeuna kana rumus-rumus ciptaanna, sanajan dibeuli, sarua jeung teu ridoeunna urang Tatar Sunda upama Batutulis aya anu ngarogahala
 
..................................
Kukituna, iraha atuh bae ngariung teh? Aya Kang Idrus jeung kaparigelanna sakumaha disebut di luhur, aya Bu Ida jeung JRSP-na, Abah Surya jeung revitalisasi SILAS-na dina jejer kasundaan rawayan jati, aya anu nyiptakeun PATMO (pembangkit air tanpa motor, urang sunda keneh), aya Kang Erry anu urang sadaya tos terang,  aya Kang Teten Masduki ti IWC, aya Kang MGT jeung pasar malam budaya tradisina, aya Kang Yus Ruslan anu gaduh konsep iber ti luhur ngeunaan sasayagian usum halodo, aya Abah ti Kadaka Damas kalawan konsep Kampung Sundana (revitalisasi Kampung Adat), aya Kang Acil jeung Bandung Spiritna, aya Kang Mubiar (DPLKTS) jeung konsep nyadiakeun cai nu langgeng jeung udara anu bersih ku ngokolakeun leuweung jeung iklim mikro, jrrd anu barogaeun harta karun pajajaran dina widangna sewang-sewangan.
 
...............................


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke