Haturan kang Hasan.....Damang...?
Muhun sae seratan aksara tia akang, ah..teteh mah resep maosan wae, mangga kang teraskeun.......
 
Teh tien

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
he he he boga 'incu' euy. sae cep soni, mangga
teraskeun kreatifitasna. ngan ti 'abah' aya sababaraha
catetan:

1. versi aksara
sanggeus nitenan output tulisan, jigana eta aksara
sunda teh didasarkeun kana aksara versi "ha na ca ra
ka ..." asana tos aya hasil kongres rehna eta aksara
sunda nu resmi ayeuna versi "ka ga nga ..." bilih
lepat ka para wargi anu langkung paos nyuhunkeun
konfirmasina.

2. dokumentasi
sanajan eta aksara sunda, urang oge manusa sunda,
sabab geus nasib geus biasa make aksara laten. nya
urang sunda kapaksa kudu tokroh-tokroh lamun hayang
make aksara warisan buyut sorangan. ku kituna, perlu
dokumentasi pikeun pituduh migunakeunana. misalna bere
tabel konversi tuts keyboard kaitanana sareng
simbol-simbol aksara eta:

aksara us | tuts
----------+-------
ka        | k
ga        | g
nga       | n
ca        | c
ja        | j
...       | ...

3. Tipografi Aksara
katinggalna eta aksara 'parahyangan' keur ngawangun
kecap make model tulisan aksara tunggal. 'abah' teu
pati apal, naha aksara sunda 'ka ga nga' watekna keur
tiap kecap make sistem aksara tunggal jiga tulisan
laten versi mesin atawa jiga wangunan aksara arab.
dina aksara arab watekna jiga tulisan tangan, aya
simbol-simbol panyambung, boh di awal, di tengah,
atawa di akhir kecap. perkara ieu langkung sae
ngarujuk para inohong. asana abah surya nya cep soni.

4. Label
label anu dipake wawakil keur pilihan aksara,
sagemblengna make simbol aksara sunda. jadi lamun make
pilihan aksara pake 'word' misalna, hese neanganana
anu mana aksara sunda teh. kulantaran kitu jigana
perlu ditambahan label tah.

tah kitu cep soni, mudah-mudahan aya manfaatna. kade
ulah salah tarima nya. pedah panjang lebar ngadongeng.
mudah-mudahan panjangna teu matak nyugak, pondokna teu
matak nyogok. tapi panjangna sing jadi budak, atuh
pondokna sing jadi orok. he he he. ieu mah diskusi we,
pedah ditaros ku incu. kurang leuwihna nyanggakeun.

salam
'abah' mh

--- soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> aki taryat + abah hasan + urang sunda
> kumaha aksara sunda teh?
> kometarna!?)
> soni+++
>
> "kometarna= mairan" kitu nya?
>
> On Sat, 14 Aug 2004 12:44:27 +0700
>   TARYAT <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Hatur nuhun Kang mh, ku abdi parantos dicobi..nya
> >Alhamdulillah tiasa....
> >
> > hatur nuhun...
> >
> > ty



           
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke