Kukulunuan teh naon kang....?
Muhun nuju bagadang, teu tiasa mondok, eta deui aya ketikeun, supados teu keueung sok bari mairan, sareng nyarengan kang hasan...he he
Biasa wae di Surabaya usum puanas, moal kiat urang bdg kadieu halodo pisan, kumaha di lembur akang sami usum halodo..?
Tos sabaraha lami akang ngumbara teh..? didamel dimana ?
teteh tea
tien
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
euleuh-euleuh teh tien haturan. nuju naon kukulunuan
keneh tengah wengi? nuju bagadang teh, malem mingguan,
usum naon di surabaya?
mh
--- teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan kang Hasan.....Damang...?
> Muhun sae seratan aksara tia akang, ah..teteh mah
> resep maosan wae, mangga kang teraskeun.......
>
> Teh tien
>
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> he he he boga 'incu' euy. sae cep soni, mangga
> teraskeun kreatifitasna. ngan ti 'abah' aya
> sababaraha
> catetan:
>
> 1. versi aksara
> sanggeus nitenan output tulisan, jigana eta aksara
> sunda teh didasarkeun kana aksara versi "ha na ca ra
> ka ..." asana tos aya hasil kongres rehna eta aksara
> sunda nu resmi ayeuna versi "ka ga nga ..." bilih
> lepat ka para wargi anu langkung paos nyuhunkeun
> konfirmasina.
>
> 2. dokumentasi
> sanajan eta aksara sunda, urang oge manusa sunda,
> sabab geus nasib geus biasa make aksara laten. nya
> urang sunda kapaksa kudu tokroh-tokroh lamun hayang
> make aksara warisan buyut sorangan. ku kituna, perlu
> dokumentasi pikeun pituduh migunakeunana. misalna
> bere
> tabel konversi tuts keyboard kaitanana sareng
> simbol-simbol aksara eta:
>
> aksara us | tuts
> ----------+-------
> ka | k
> ga | g
> nga | n
> ca | c
> ja | j
> ... | ...
>
> 3. Tipografi Aksara
> katinggalna eta aksara 'parahyangan' keur ngawangun
> kecap make model tulisan aksara tunggal. 'abah' teu
> pati apal, naha aksara sunda 'ka ga nga' watekna
> keur
> tiap kecap make sistem aksara tunggal jiga tulisan
> laten versi mesin atawa jiga wangunan aksara arab.
> dina aksara arab watekna jiga tulisan tangan, aya
> simbol-simbol panyambung, boh di awal, di tengah,
> atawa di akhir kecap. perkara ieu langkung sae
> ngarujuk para inohong. asana abah surya nya cep
> soni.
>
> 4. Label
> label anu dipake wawakil keur pilihan aksara,
> sagemblengna make simbol aksara sunda. jadi lamun
> make
> pilihan aksara pake 'word' misalna, hese neanganana
> anu mana aksara sunda teh. kulantaran kitu jigana
> perlu ditambahan label tah.
>
> tah kitu cep soni, mudah-mudahan aya manfaatna. kade
> ulah salah tarima nya. pedah panjang lebar
> ngadongeng.
> mudah-mudahan panjangna teu matak nyugak, pondokna
> teu
> matak nyogok. tapi panjangna sing jadi budak, atuh
> pondokna sing jadi orok. he he he. ieu mah diskusi
> we,
> pedah ditaros ku incu. kurang leuwihna nyanggakeun.
>
> salam
> 'abah' mh
>
> --- soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > aki taryat + abah hasan + urang sunda
> > kumaha aksara sunda teh?
> > kometarna!?)
> > soni+++
> >
> > "kometarna= mairan" kitu nya?
> >
> > On Sat, 14 Aug 2004 12:44:27 +0700
> > TARYAT <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Hatur nuhun Kang mh, ku abdi parantos
> dicobi..nya
> > >Alhamdulillah tiasa....
> > >
> > > hatur nuhun...
> > >
> > > ty
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service.
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

