Wilujeng atuh....!!!, cep Budi sareng cep Kandar mangga teraskeun ngagarap Wikipedia,
atuh si abdi ngeureuyeuh dina kamus on-line, lumayan tos nincak kaca ka 38 X 25 kecap, sanaos seueur lereskeuneun hurupna sareng seueur kecap anu ganda (double).
Janten atuh urang teh gaduh garapan sewang-sewangan...heuheuheu......
Derrrrr.....ahhhh, sahancana sahancana, mugi-mugi bae tiasa parat sasarengan.
Pihatur
SSW
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bari ngeureuyeuh, sanajan sapoe ngan meunang sa-paragraf eta oge teu unggal poe, kang Kandar nu sumanget pisan mah, lila-lila wikipedia teh geus boga sababaraha kaca. Ku kang Eko geus di-link keun kana website urangsunda dot com. Asana aya sababaraha hal anu bisa dicutat tina eta website keur ngalengkepan dina Wikipedia, saperti sajarah Sunda.
Wikipedia teh sifat open source hartina bisa dilobaan ku saha wae nu paduli. Ceuk kuring, ieu kasempetan keur nyebar luaskeun elmu pangaweruh dina Basa Sunda. Kahayang mah, hasil website Wikipedia ieu bisa disebarkeun dina bentuk CD, kabayangna siga Ensiklopedia Encarta atawa CD IlmuKomputer.com oge Chemistry.com nu bisa dilobaan, teu meunang dijual kajaba ku ganti ongkos copy CD nu meureun moal leuwih ti 5000 rupia, ku saha wae keur kaperluan sumebarna elmu pangaweruh.
wassalam,
budhi
oritate permai
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

