----- Original Message -----
Sent: Tuesday, August 17, 2004 5:57
PM
Subject: [Urang Sunda] Wikipedia basa
Sunda
Bari ngeureuyeuh, sanajan sapoe ngan meunang
sa-paragraf eta oge teu unggal poe, kang Kandar nu sumanget pisan mah,
lila-lila wikipedia teh geus boga sababaraha kaca. Ku kang Eko geus di-link
keun kana website urangsunda dot com. Asana aya sababaraha hal anu bisa
dicutat tina eta website keur ngalengkepan dina Wikipedia, saperti sajarah
Sunda.
Wikipedia teh sifat open source hartina bisa
dilobaan ku saha wae nu paduli. Ceuk kuring, ieu kasempetan keur nyebar
luaskeun elmu pangaweruh dina Basa Sunda. Kahayang mah, hasil website
Wikipedia ieu bisa disebarkeun dina bentuk CD, kabayangna siga Ensiklopedia
Encarta atawa CD IlmuKomputer.com oge Chemistry.com nu bisa dilobaan, teu
meunang dijual kajaba ku ganti ongkos copy CD nu meureun moal leuwih ti 5000
rupia, ku saha wae keur kaperluan sumebarna elmu pangaweruh.
wassalam,
budhi
oritate permai
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links