Assalamu'alaikum.. Dararamang baraya sadaya...Punten ahh sim kuring bade minuhan mailboxna deui sakumaha tos kabiasaannana kuring..
Wilujeng sumping ka kang Didat sareng Teh Neneng Burinyay..aeh teh Neneng Riyani... Wiluejng ngariung di Lembur Babakan Kusnet anu dipikameumeut ku urang sadayana.. Kang Didat teh di Koreak nya? euleuh geuningan mani pinuh eung di Koreak teh.. punten nga akangkeun da kumahanya pun raka teh aya anu kalahiran taun '57, jadi mun ti sahandapeun taun eta rada sesyah nyebat bapa teh... kapungkur kuring oge gaduh dita cita hayang jadi AL, tapi pasti teu katarima da Semampai cenah ( Semeter tak sampai ) rieur euy ari jadi jelema pendek mah mani teu katarima dimana mana.. mun jadi warga SIngapur mah pasti Wajib nampa jadi tangtara... heuheuheu.... Teh Burinyay saurna di nagri Tulipnya? euleuh mani lampar kitu, ngengingkeun urang ditu? teras eta salami amengan ka lembur ieu tong hilap Kincirna perhatoskeun bari diputer teras... heuheuheuheu... Nepangkeun sakantenan sim kuring wasta mah Cecep Wahyu, dilandih ku pun lanceuk teh si Ule.. pedah baheula mah bodas ngan hanjakal pend�k... kawit ti Bandung, pun bapak asli Garut pun Biang mah Janda alias turunan Jawa ( Solo ) sareng Sunda ( Sumedang )... ayeuna nuju kuli di Lobam, P. Bintan tukang ngalungngalungkeun alat Sensor... status abdi ayeuna? gaduh putra nembe hiji yuswa 6 sasih namina Amelia ( Amey ), pon kitu oge gaduh bojo nembe hiji sami.... ;p cag ahhh.... pokoknamah ka sadaya Wargi enggal Wilujeng ngariung, Wilujeng ngawarung BAndung, Wilujeng medar pangalaman oge ngaguar pengetahuanna ( naon SUndana? ) kuring mah bagean noongan jeung ngaririweuh inohongna Kusnet heheheee..... Baktosna, Ayah AMel... * Teh Inyay, amengan atuh ka warung.. ke ku Teh ICho sareng Neng MAung disayogian kulub hui... visit: www.pepperl-fuchs.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

