hatur nuhun ka kang cecep wahyu waleranana sareng sambutanana (?) pidato kitu.... ah pokona mah nuhun we lah.


Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum..
Dararamang baraya sadaya...Punten ahh sim kuring bade minuhan mailboxna deui
sakumaha tos kabiasaannana kuring..

Wilujeng sumping ka kang Didat sareng Teh Neneng Burinyay..aeh teh Neneng
Riyani... Wiluejng ngariung di Lembur Babakan Kusnet anu dipikameumeut ku
urang sadayana..
Kang Didat teh di Koreak nya? euleuh geuningan mani pinuh eung di Koreak
teh.. punten nga akangkeun da kumahanya pun raka teh aya anu kalahiran taun
'57, jadi mun ti sahandapeun taun eta rada sesyah nyebat bapa teh...
kapungkur kuring oge gaduh dita cita hayang jadi AL, tapi pasti teu katarima
da Semampai cenah  ( Semeter tak sampai ) rieur euy ari jadi jelema pendek
mah mani teu katarima dimana mana.. mun jadi warga SIngapur mah pasti Wajib
nampa jadi tangtara... heuheuheu....

Teh Burinyay saurna di nagri Tulipnya?
euleuh mani lampar kitu, ngengingkeun urang ditu? teras eta salami amengan
ka lembur ieu tong hilap Kincirna perhatoskeun bari diputer teras...
heuheuheuheu...

Nepangkeun sakantenan sim kuring wasta mah Cecep Wahyu, dilandih ku pun
lanceuk teh si Ule.. pedah baheula mah bodas ngan hanjakal pend�k... kawit
ti Bandung, pun bapak asli Garut pun Biang mah Janda alias turunan Jawa (
Solo ) sareng Sunda ( Sumedang )... ayeuna nuju kuli di Lobam, P. Bintan
tukang ngalungngalungkeun alat Sensor...  status abdi ayeuna? gaduh putra
nembe hiji yuswa 6 sasih namina Amelia ( Amey ), pon kitu oge gaduh bojo
nembe hiji sami.... ;p

cag ahhh.... pokoknamah ka sadaya Wargi enggal Wilujeng ngariung, Wilujeng
ngawarung BAndung, Wilujeng medar pangalaman oge ngaguar pengetahuanna (
naon SUndana? ) kuring mah bagean noongan jeung ngaririweuh inohongna Kusnet
heheheee.....

Baktosna,
Ayah AMel... * Teh Inyay, amengan atuh ka warung.. ke ku Teh ICho sareng
Neng MAung disayogian kulub hui...

visit: www.pepperl-fuchs.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke