Alhamdulillah....Kang Rudy...!
Lalampahan jaman keur ngora, dina taun 70an, memeh
digawe, kungsi ulin ka Jarak Surabaya, dibawa ku ki lanceuk, nu jadi KKO,
ayeuna mah ki lanceuk teh geus pangsiun ....!, atuh kitu deui waktu di Jambi
boga pangalaman diajak ku Pulisi urang Batak, ulin ka Pucuk, sugan teh rek
naon...ceuk eta Pulisi .."Kau pake jaket nih..."manehna mikeun jeket pulisi,
kuring nurut.
Di
Pucuk kuring ukur dititah ngagerung-gerung motor, geugeuleuyeungan, jeung terus
dititah ngagerung gerung motor, ari manehna mah luas leos.
Geus
meunang sababaraha tempat, terus mulang, nyimpang heula ka warung sangu, bari
dahar manehna ngomong.." Nih duit buat kamu...!" bari ngasongkeun duit
sababaraha lambar rebuan.
Kuring
teu ngarti, ceuk manehna deui..." Tadi itu...aku sebut kau intel yang sedang
pusing, mau pulang ke Jakarta tak punya duit...itu duit dari tukang judi dan
mucikari..."
Bedul
teh ...kuring dieupankeun...!!
MSasmita
-----Original Message-----
From: Rudy Setiawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, August 20, 2004 5:29 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Nini, meuli endog sabeulah..!****************************************************************..eta aya ku kituna, si uwa lalampahan teh!..heuheuheu..Damang nun?-pun adi-*******************************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

