Naha bet sabeulah ?
Teuing atuh, nu puguh mah aya karempan dina hate, mun kuring tigebrus kana
petualangan ngagulanggaper manehna, sok sieun inggis kubisi jadi nyandu lir
ibarat nyandu ngaroko, bakal hese nyieuhkeunana.
Angkanan teh lamun sabeulah mah rada hese ngalakonana, da tangtu teu beda
jeung mawa kantong keresek bocor, euweuh gunana.
"Sabeulah..., sabeulah kumaha Aa..?"
"Enya sabeulah we, nu sabeulah deui mah kumadinya rek disimpen dina lomari
mangga, rek sina ngulayaban dijalan mangga, rek tetep diuk didieu mangga.."
"Har ari Aa kawas nu....." ngomongna teu diteruskeun.
"Siga nu kurang saeundan meureun nya...?!"
Manehna ngaheheh seuri, rangu kadengena.
Obrolan siga kieu teh tangtu teu lepas tina adu regeng sabudeureun awak,
awak awewe sabeuleugeunjeur.
"Neng...Aa teh peuting ieu keur riweuh, riweuh lain pedah diudag-udag pulisi
atawa diudag anjing, ngan keur riweuh we hayang mudalkeun nafsu, nafsu
ragawi..aya nu ngagolak dina embun-embunan, aya nu adug lajer, aya nu
gagadil...!"
"Atuh diusapan we ambih lindeuk..."
"Eta ge osok ku sorangan mah..."
"Ku sorangan mah teu raos atuh A.."
"Nu raos mah kulub endog ti Nini Jumsih..."
"Saha Nini Jumsih teh...?"
"Enya Nini Jumsih nu ngawarung di lembur..."
Ngaberung ngalajur nafsu awak nu katempuhan, awak ceuk sawareh mah panjara
aya deui nu nyebut awak teh teu beda jeung kuburan, aya deui nu nyebut awak
teh mesin, tapi ketah teu kitu da awak teh kudu jagjag belejag kudu sehat,
malah kapan disunahkeun urang kudu diajar ngojay, kudu bisa tumpak kuda
jeung kudu tapis ngulinkeun panah, maksudna mah ambih urang rancingeus dina
ngayonan bancang pakewuh, dina ngayonan musuh, meureun mun dilarapkeun
kaayeunakeun mah kudu bisa ngojay, kudu tapis ngamudi mobil jeung bisa bela
diri, ambih lamun aya panarajang musuh teh teu bolostrong teuing.
Ngan kaayeunakeun nu katingal sapopoe, awak ukur jadi takeran biologis,
padahal didinya aya unsur sosialogisna, nu kaciri awewe jeung lalaki,
dualisme paradoksal, jadi lawan sewang-sewangan, yoni jeung lingga.
Loba artis ku seserahan cenah mah aya pihak katilu, kuring sok kerung,
hayang naon deui atuh, da meureun ari materi mah geus cukup, malah aya nu
hayang nyandung sagala, sok inget lagu
Halo halo Bandung,
Ibu kota Priangan,
Boro boro nyandung,
hiji oge can beubeunangan
(Hanca)



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke