Mangga ieu baraya hasil kamari ngariung teh.
Catetan Pagempungan KUSNET, Bogor, 21 Agustus 2004
Tanggal : 21 Agustus 2004
Tempat : Komplek Taman Cimanggu-Bogor, Rumah Sdrek.
Eko Ruska Nugraha
Acara : Nyieun Kapanitiaan + ngabahas acara Halal bi
halal Kusnet
Anu hadir :
1. Kang Oman + Bojona (Bandung)
2. Teh Tien (Surabaya)
3. Kang Hendri + Bojona + Putrana (Cikarang)
4. Teh Imas + Carogena (Pamulang)
5. Kang Tantan (Bogor)
6. Kang Dadan (Bogor)
7. Kang Kandar (Betawi)
8. Kang Dede Sahman (Tangerang)
9. Kang Alan (Tangerang)
10. Kang Gunawan (Serang)
11. Eko Ruska Nugraha (Bogor)
Ringkesan hasil pagempungan:
Sadaya anu hadir satuju yen acara Halal bi halal
anggota Kusnet 11~12 dinten saba�da lebaran tahun ieu
baris dijadikeun;
Jejer Acara Halal Bi Halal : bade disuhunkeun pamendak
ti sadayana warga ngalangkungan milist, engke
diayakeun �pooling�. Patokan jejer eta nyoko kana
acara panglawangunan kumna anggota Kusnet atawa
anggota milist kasundaan sanesna pikeun kamajengan
urang Sunda kalawan migunakeun internet.
Anu ilubiung dina acara: sadaya anggota Kusnet/YP,
tamu uleman (budayawan, seniman, wartawan.
Pitempateun acara: Rencana acara teh dilaksanakeun di
Taman Wisata Cimalati, Sukabumi.
Pikeun saheualaanan, panitia anu ditunjuk ku anu
ngarumpul kamari baris ngayakeun kacindekan
(konfirmasi) ka Ua Siddik;
Waktu : ancer-ancer kaping 27 November 2004, kalayan
acara ditutup dugi ka tabuh 12.00 wengi WIB.
Pikeun pamustunganna waktu engke panitia baris
ngayakeun kacindekan akhir saba�da nampi pamadegan ti
sadaya anggota ngeunaan waktu anu lugina supaya seueur
anu tiasa ngaluuhan;
Ringkelan acara dina derna kabagi 2 bagian : acara anu
daria jeung acara panglipur hate
A. Acara Daria :
- Khusus ngagura ngeunaan hal ihwal Yayasan
Perceka(YP). Anu haladir dina gempungan kamari
miharep para ais pangampih YP tiasa medar ngeunaan
udagan jeung program YP kahareup. Pikeun hal eta
panitia baris ngusahakeun sangkan acara ieu teh
lancar. Kang Tantan kapancen pikeun nuturusan ieu
acara.
- Pakait jeung udagan di luhur, dina acara halal bi
halal ieu oge baris dilaksanakeun sababaraha
pangukuhan kagiatan-kagiatan. Diantarana:
1) Nyieun database atawa direktori anggota (boh Kusnet
atawa urang Sunda kumna anu manjing pikeun
dilebetkeun kana database)
2) Nyieun database jeung informasi kasundaan, khususna
budaya, dina tilu bahasa: Sunda, Indonesia jeung
Inggris
3) Nyusun Perencanaan Stratejik YP;
4) Nyusun sababaraha program anu luyu jeung kakuatan
Kusnet, diantarana:
a) gawe bareng jeung JRSP dina nyebarkeun informasi
budaya pikeun masyarakat, upamana kagiatan
nyieunmajalah jomantara (on air magazine), materi
siaran, jjr
b) bantuan pikeun daerah (upamana bae: informasi
dunya usaha, bantuan nyieun proposal-proposal
kagiatan,
c) nyieun buku ngeunaan anggota jeung kagiatan milist
kasundaan,
d) ngalaksanakan pangajak jeung pamadegan daria
pikeun tepikeuneun ka pamarentah (advikasi) dina hiji
widang pangwangunan (upamana: ngokolakeun leuweung
utamana ngamajukan pendidikan barudak US);
e) nyieun kagiatan pikeun nyambungkeun informasi
luar negeri-nasional-daerah;
5) Kagiatan anu geus dikeureuyeuh tur kalintang
perluna diteruskeun jeung ditalingakeun nyaeta: a) Bea
Siswa ka murid yatim sareng kulawargi kirang mampuh
b) Pabukon,
c) Wikipedia,
d) �Kamus on Line�
B. Acara panglipur hate
Aya sababaraha usulan, diantarana bae:
- Di sagigireun silaturami, oge kagiatan ieu rek
mintonkeun kasenian Sunda mamaos Cianjuran ti
pakempelan tembang sunda Cianjuran asuhan bapa Hasan
Wiradireja.
- Ngulem seniman/budayawan Sunda, conto: Kang Ibing,
Kang acil (Bimbo), jrrd
- Maparinana oleh-oleh (cinderamata) kalawan udagan
pikeun nguatkeun beungkeutan anggota Kusnet/YP.
- Ngayakeun bazaar leuleutikan.
- Ziarah atawa wisata sajarah/lingkungan: Badigul,
Rancamaya, Batutulis-Kebun Raya (Bogor), dina poe
kadua anu terus bubar.
Lengkah-lengkah pikeun hasil udagan acara:
1) Nyieun Form Online + Polling di web kusnet pikeun
sakabeh anggota Kusnet/YP (kl 700 orang, ngeunaan
pamadeganna sewang-seangan kana rarangkay ieu acara.
Naha bade haladir atawa moal? Kukituna, panitia tiasa
terang sabaraha bae ancer-ancer jumlah anu bade
sarumping kana eta acara dugi ka tiasa midamel
anggaran pikeun tempat, sarana angkutan, jeung
konsumsi;
Udagan Form Online + Polling teh diharepkeun kenging
kacindekan ti sadaya anggota ngeunaan:
- Satuju atawa heunteu satuju kana waktu jeung tempat
ngalaksanakeun acara
- Seja hadir atawa moal hadir kana eta acara
- Upama seja hadir, bade sabaraha urang (kulawarga,
jst)
- Upama hadir, naha bade ngawengi atawa moal di lokasi
acara
- Upama hadir, naon transportasi anu baris digunakeun:
angkutan umum atawa kandaraan sorangan?
Pikeun ngalaksanakeun Form Online + Polling, anu hadir
dina pajemuhan nugaskeun ka Kang Eko. Form Online +
Polling dina telatna kudu geus katarima ku panitiajero
waktu 3~2 minggu sateuacan poean derna acara.
Pikeun narekahan masalah anggkutan (trasportasi), aya
sababarah usulan:
- diusulkeun supaya ngayakeun pangbagian wewengkon anu
satiap wewengkon aya koordinatorna. Koordinator ieu
anu tanggel waler pikeun kalancaran transportasi
(naha
nyewa beus atawa sejenna). Ngeunaan beaya transportasi
baris dipadungdengkeun deui ka hareup
- panitia baris nyadiakeun peta jalan ka lokasi,
khususna pikeun anu anggota anu seja hadir kalawan
migunakeun kandaraan sorangan.
Pikeun urusan anggaran beaya lelangkahan teh kieu:
- panitia saba�da nampi informasi ngeunaan jumlah
anggota/tamu anu baris hadir kana acara terus
ngayakeun itungan (kalkulasi) sabaraha pibeayaeun
sagemblengna (konsumsi, pangrereban/sewa tempat,
acara, jst) anu saterusna dikonfirmasikeun sareng Ua
Siddik
- Pikeun nutup beaya, panitia baris menta pamadegan ti
sadaya anggota, naha ku cara muka kotak sumbangan
atawa ditangtukeun narik beaya jeung sabaraha jumlahna
upami ditarik iuran pikeun satiap anu hadir (kajaba
tamu ondangan)
Pikeun kalancaran acara, panitia baris ngayakeun
survey ngeunaan tempat jeung sapuratina. Acara. Kang
Hendri ditugaskeun salaku koordinator survey.
Pikeun kalancaran acara, saheulaanan geus disusun
panitia, nyaeta:
- Pupuhu Hajat : Mang Siddik sareng Kang Edi Sutardi
- Penasehat : Uang Sas, MJ, Kang Oman, Teh Tien
- Ketua Panitya : Eko Ruska Nugraha
- Sekertaris/Bendahara : Teh Imas Mustakim
- Koordinator Acara : Gunawan Yusuf
- Koordinator Konsumsi : Neng Pupy
- Koordinator Dokumentasi : Kang Dede
Sahman(Jalakharupat)
- Koordintor Transport/Survey : Kang Hendry
- Koordinator Acara Diskusi : Kang Tantan
Ieu acara sareng kapanitiaan sifatna dinamis, tiasa
ngirangan tiasa oge nambihan kumaha hasil ahir diskusi
di milis ieu. Samemeh acara dilaksankeun, panitia
baris ngariung deui, sakurang-kurangna sakali.
Hatur nuhun
@ERN
=====
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------
_______________________________
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
http://promotions.yahoo.com/goldrush
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/