*************************************************** Alhamdulillah....mugia catetan pasamoan di rorompok na kang eko ieu teh, tiasa janten salah sawios wiwitan dina tarekahna US ngaronjatkeun kamajengan tatar urang, kasundaan tur ki sunda! ....tah..tah...tah!, kumaha tah para pangageung YP? Panginten jaringan nu tos aya (KusNet) tiasa janten kakiatan kanggo ngahontal pamaksadan nu sae ieu, amin!
Sok ah, mangga atuh kapayun! Baktos, -pun adi- ******************************************* --- In [EMAIL PROTECTED], E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mangga ieu baraya hasil kamari ngariung teh. > > > Catetan Pagempungan KUSNET, Bogor, 21 Agustus 2004 > > Tanggal : 21 Agustus 2004 > Tempat : Komplek Taman Cimanggu-Bogor, Rumah Sdrek. > Eko Ruska Nugraha > Acara : Nyieun Kapanitiaan + ngabahas acara Halal bi > halal Kusnet > Anu hadir : > 1. Kang Oman + Bojona (Bandung) > 2. Teh Tien (Surabaya) > 3. Kang Hendri + Bojona + Putrana (Cikarang) > 4. Teh Imas + Carogena (Pamulang) > 5. Kang Tantan (Bogor) > 6. Kang Dadan (Bogor) > 7. Kang Kandar (Betawi) > 8. Kang Dede Sahman (Tangerang) > 9. Kang Alan (Tangerang) > 10. Kang Gunawan (Serang) > 11. Eko Ruska Nugraha (Bogor) > > Ringkesan hasil pagempungan: > Sadaya anu hadir satuju yen acara Halal bi halal > anggota Kusnet 11~12 dinten saba?da lebaran tahun ieu > baris dijadikeun; > Jejer Acara Halal Bi Halal : bade disuhunkeun pamendak > ti sadayana warga ngalangkungan milist, engke > diayakeun ?pooling?. Patokan jejer eta nyoko kana > acara panglawangunan kumna anggota Kusnet atawa > anggota milist kasundaan sanesna pikeun kamajengan > urang Sunda kalawan migunakeun internet. > Anu ilubiung dina acara: sadaya anggota Kusnet/YP, > tamu uleman (budayawan, seniman, wartawan. > Pitempateun acara: Rencana acara teh dilaksanakeun di > Taman Wisata Cimalati, Sukabumi. > Pikeun saheualaanan, panitia anu ditunjuk ku anu > ngarumpul kamari baris ngayakeun kacindekan > (konfirmasi) ka Ua Siddik; > Waktu : ancer-ancer kaping 27 November 2004, kalayan > acara ditutup dugi ka tabuh 12.00 wengi WIB. > Pikeun pamustunganna waktu engke panitia baris > ngayakeun kacindekan akhir saba?da nampi pamadegan ti > sadaya anggota ngeunaan waktu anu lugina supaya seueur > anu tiasa ngaluuhan; > Ringkelan acara dina derna kabagi 2 bagian : acara anu > daria jeung acara panglipur hate > > A. Acara Daria : > - Khusus ngagura ngeunaan hal ihwal Yayasan > Perceka(YP). Anu haladir dina gempungan kamari > miharep para ais pangampih YP tiasa medar ngeunaan > udagan jeung program YP kahareup. Pikeun hal eta > panitia baris ngusahakeun sangkan acara ieu teh > lancar. Kang Tantan kapancen pikeun nuturusan ieu > acara. > - Pakait jeung udagan di luhur, dina acara halal bi > halal ieu oge baris dilaksanakeun sababaraha > pangukuhan kagiatan-kagiatan. Diantarana: > > 1) Nyieun database atawa direktori anggota (boh Kusnet > atawa urang Sunda kumna anu manjing pikeun > dilebetkeun kana database) > 2) Nyieun database jeung informasi kasundaan, khususna > budaya, dina tilu bahasa: Sunda, Indonesia jeung > Inggris > 3) Nyusun Perencanaan Stratejik YP; > 4) Nyusun sababaraha program anu luyu jeung kakuatan > Kusnet, diantarana: > a) gawe bareng jeung JRSP dina nyebarkeun informasi > budaya pikeun masyarakat, upamana kagiatan > nyieunmajalah jomantara (on air magazine), materi > siaran, jjr > b) bantuan pikeun daerah (upamana bae: informasi > dunya usaha, bantuan nyieun proposal-proposal > kagiatan, > c) nyieun buku ngeunaan anggota jeung kagiatan milist > kasundaan, > d) ngalaksanakan pangajak jeung pamadegan daria > pikeun tepikeuneun ka pamarentah (advikasi) dina hiji > widang pangwangunan (upamana: ngokolakeun leuweung > utamana ngamajukan pendidikan barudak US); > e) nyieun kagiatan pikeun nyambungkeun informasi > luar negeri-nasional-daerah; > 5) Kagiatan anu geus dikeureuyeuh tur kalintang > perluna diteruskeun jeung ditalingakeun nyaeta: a) Bea > Siswa ka murid yatim sareng kulawargi kirang mampuh > b) Pabukon, > c) Wikipedia, > d) ?Kamus on Line? > > B. Acara panglipur hate > Aya sababaraha usulan, diantarana bae: > - Di sagigireun silaturami, oge kagiatan ieu rek > mintonkeun kasenian Sunda mamaos Cianjuran ti > pakempelan tembang sunda Cianjuran asuhan bapa Hasan > Wiradireja. > - Ngulem seniman/budayawan Sunda, conto: Kang Ibing, > Kang acil (Bimbo), jrrd > - Maparinana oleh-oleh (cinderamata) kalawan udagan > pikeun nguatkeun beungkeutan anggota Kusnet/YP. > - Ngayakeun bazaar leuleutikan. > - Ziarah atawa wisata sajarah/lingkungan: Badigul, > Rancamaya, Batutulis-Kebun Raya (Bogor), dina poe > kadua anu terus bubar. > > Lengkah-lengkah pikeun hasil udagan acara: > 1) Nyieun Form Online + Polling di web kusnet pikeun > sakabeh anggota Kusnet/YP (kl 700 orang, ngeunaan > pamadeganna sewang-seangan kana rarangkay ieu acara. > Naha bade haladir atawa moal? Kukituna, panitia tiasa > terang sabaraha bae ancer-ancer jumlah anu bade > sarumping kana eta acara dugi ka tiasa midamel > anggaran pikeun tempat, sarana angkutan, jeung > konsumsi; > Udagan Form Online + Polling teh diharepkeun kenging > kacindekan ti sadaya anggota ngeunaan: > - Satuju atawa heunteu satuju kana waktu jeung tempat > ngalaksanakeun acara > - Seja hadir atawa moal hadir kana eta acara > - Upama seja hadir, bade sabaraha urang (kulawarga, > jst) > - Upama hadir, naha bade ngawengi atawa moal di lokasi > acara > - Upama hadir, naon transportasi anu baris digunakeun: > angkutan umum atawa kandaraan sorangan? > > Pikeun ngalaksanakeun Form Online + Polling, anu hadir > dina pajemuhan nugaskeun ka Kang Eko. Form Online + > Polling dina telatna kudu geus katarima ku panitiajero > waktu 3~2 minggu sateuacan poean derna acara. > > Pikeun narekahan masalah anggkutan (trasportasi), aya > sababarah usulan: > - diusulkeun supaya ngayakeun pangbagian wewengkon anu > satiap wewengkon aya koordinatorna. Koordinator ieu > anu tanggel waler pikeun kalancaran transportasi > (naha > nyewa beus atawa sejenna). Ngeunaan beaya transportasi > baris dipadungdengkeun deui ka hareup > - panitia baris nyadiakeun peta jalan ka lokasi, > khususna pikeun anu anggota anu seja hadir kalawan > migunakeun kandaraan sorangan. > > Pikeun urusan anggaran beaya lelangkahan teh kieu: > - panitia saba?da nampi informasi ngeunaan jumlah > anggota/tamu anu baris hadir kana acara terus > ngayakeun itungan (kalkulasi) sabaraha pibeayaeun > sagemblengna (konsumsi, pangrereban/sewa tempat, > acara, jst) anu saterusna dikonfirmasikeun sareng Ua > Siddik > - Pikeun nutup beaya, panitia baris menta pamadegan ti > sadaya anggota, naha ku cara muka kotak sumbangan > atawa ditangtukeun narik beaya jeung sabaraha jumlahna > upami ditarik iuran pikeun satiap anu hadir (kajaba > tamu ondangan) > Pikeun kalancaran acara, panitia baris ngayakeun > survey ngeunaan tempat jeung sapuratina. Acara. Kang > Hendri ditugaskeun salaku koordinator survey. > > Pikeun kalancaran acara, saheulaanan geus disusun > panitia, nyaeta: > > - Pupuhu Hajat : Mang Siddik sareng Kang Edi Sutardi > - Penasehat : Uang Sas, MJ, Kang Oman, Teh Tien > - Ketua Panitya : Eko Ruska Nugraha > - Sekertaris/Bendahara : Teh Imas Mustakim > - Koordinator Acara : Gunawan Yusuf > - Koordinator Konsumsi : Neng Pupy > - Koordinator Dokumentasi : Kang Dede > Sahman(Jalakharupat) > - Koordintor Transport/Survey : Kang Hendry > - Koordinator Acara Diskusi : Kang Tantan > > Ieu acara sareng kapanitiaan sifatna dinamis, tiasa > ngirangan tiasa oge nambihan kumaha hasil ahir diskusi > di milis ieu. Samemeh acara dilaksankeun, panitia > baris ngariung deui, sakurang-kurangna sakali. > > Hatur nuhun > @ERN > > ===== > ----------------------------- > http://www.urang-sunda.or.id > ----------------------------- > > > > _______________________________ > Do you Yahoo!? > Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now. > http://promotions.yahoo.com/goldrush ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

