Miara meri nu di urang aya dua cara: cara tradisional nu diangon di tempat bebas jeung cara dikandangan. Upami cara tradisional, asana tos teu kedah dijentrekeun deui, sabab miara merina cekap ku diangon di luar + maraban di pangampihan. Lebah dieu paling bingungna teh ku mulungan endogna. Cara nu kadua, nu dikandangan, aya dua rupi: cara GARING jeung cara BASEUH. Nu dimaksud ku cara garing nyaeta meri dikandangan (dua rupa kandang: kandang pangampihan jeung kandang pangangonan) di tempat nu teu aya caian (asana mah ieu ge), jadi sakadang meri teh teu dibere tempat pikeun leuleutakan/bebelekesekan, estuning garing & beresih. Dupi parabna nu utama nya pakan meri pabrikan katut leueuteunana (nu ieu mah kanggo juragan meri, sanes kanggo merina). Mun cara baseuh nya sed saeutik ti cara garing, nyaeta sakadang meri teh disadiaan pemandian umum kayaning balong atawa nu sarupa kitu. Anapon parabna nu poko nya sami bae sareng nu kahiji. Kungsi aya nu medar pangalaman, cenah mun hayang ngaronjatkeun kualitas endogna, meri teh kudu loba dibere tambahan protein hewani nu sumberna kayaning ti sabangsaning keong, bancet, atawa sesa-sesa lalaukan/kulit hurang. Parab tambahan nu kitu bisa diteang ti pamiceunan restoran (komo restoran "seafood" mah), atawa ti nu sarupaning kitu, jadi pakan tambahan teh teu ieuh nambahan beaya produksi. Ceuk nu kungsi mere tambahan model kitu, endogna teh kandungan proteinna leuwih beunghar, cocok untuk kaum lelaki tua dan muda. Kebetulan saya membawa sampel jamu yang dicampur dengan endog meri yang tadi, Pa Oman dan Mas Eko boleh coba dan buktikan sendiri khasiatnya. Kang Surya mah ulah waka, ke we mun geus kawin. Kudu boga sertipikat kasep heula ti KUA. Hwehwe... bet jadi kamana mendi ieu teh, punten ah heureuy serius ieu mah...
k#5 pakar meri Oman Abdurahman writes: ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

