kamari teh sajeroning ngahuleng bari mikir 2-3 bulan katukang pun emang ngagaduhan balong (2000 mtr) tah miwarang dijieun usaha ka pun bapa teras dicobaan miara lauk teu lila kapikiran miara merry ngan jang percobaan merry jalu heula
sanggeus 3 bulan ditinggali teh lauk mah asa lila kana gedena mereunan pedah cai na teu "deras" terus ninggali merry sanggeus dua bulan alhamdulillah geus di tawar 9000 sarta tina meser 70 nu hirup aya 55 ekor nya kan lumayan salian ti eta kabeneran emang teh dines na di rumah sakit jadi sesa makanan di rumah sakit sok dikumpulkeun jang parab merry tah ayeuna keur nyoba miara nu bikang meh bisa endogan susuganan weh pun bapa jadi juragan merry nya ieu susuganan aya rejeki hehehehe ----- Original Message ----- From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, August 23, 2004 3:59 PM Subject: [Urang Sunda] miara meri--------------Re: luntang-lantung > Miara meri nu di urang aya dua cara: cara tradisional nu diangon di tempat > bebas jeung cara dikandangan. Upami cara tradisional, asana tos teu kedah > dijentrekeun deui, sabab miara merina cekap ku diangon di luar + maraban di > pangampihan. Lebah dieu paling bingungna teh ku mulungan endogna. > Cara nu kadua, nu dikandangan, aya dua rupi: cara GARING jeung cara BASEUH. > Nu dimaksud ku cara garing nyaeta meri dikandangan (dua rupa kandang: > kandang pangampihan jeung kandang pangangonan) di tempat nu teu aya caian > (asana mah ieu ge), jadi sakadang meri teh teu dibere tempat pikeun > leuleutakan/bebelekesekan, estuning garing & beresih. Dupi parabna nu utama > nya pakan meri pabrikan katut leueuteunana (nu ieu mah kanggo juragan meri, > sanes kanggo merina). Mun cara baseuh nya sed saeutik ti cara garing, nyaeta > sakadang meri teh disadiaan pemandian umum kayaning balong atawa nu sarupa > kitu. Anapon parabna nu poko nya sami bae sareng nu kahiji. > Kungsi aya nu medar pangalaman, cenah mun hayang ngaronjatkeun kualitas > endogna, meri teh kudu loba dibere tambahan protein hewani nu sumberna > kayaning ti sabangsaning keong, bancet, atawa sesa-sesa lalaukan/kulit > hurang. Parab tambahan nu kitu bisa diteang ti pamiceunan restoran (komo > restoran "seafood" mah), atawa ti nu sarupaning kitu, jadi pakan tambahan > teh teu ieuh nambahan beaya produksi. Ceuk nu kungsi mere tambahan model > kitu, endogna teh kandungan proteinna leuwih beunghar, cocok untuk kaum > lelaki tua dan muda. Kebetulan saya membawa sampel jamu yang dicampur dengan > endog meri yang tadi, Pa Oman dan Mas Eko boleh coba dan buktikan sendiri > khasiatnya. Kang Surya mah ulah waka, ke we mun geus kawin. Kudu boga > sertipikat kasep heula ti KUA. > Hwehwe... bet jadi kamana mendi ieu teh, punten ah heureuy serius ieu mah... > > k#5 > pakar meri > > Oman Abdurahman writes: > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

