hiji mangsa kuring nganjrek di nagri kedah, nagri
bagian malaya lebah kulon. lamun poe jumaah urang
dinya mah sok nyalse, sabab saban poe jumaah mah
pere. beda jeung urang nagri lainna, misalna nagri
sembilan jeung selangor, perena teh sarua jiga di
urang, poe minggu. nagri-nagri anu pangaruh ulama
masih kuat, jiga kedah, kelantan jeung trengganu, pere
rutina teh tiap poe jumaah.
pernah sakali mangsa kuring ngilikan almenak, manggih
hiji tanggal dibeureuman. geus atoh pikiran teh,
isukan bakal pere yeuh. pangangguran terus kuring
nanya ka babaturan urang malaya, "isuk pere nya euy?"
ceuk kuring teh. "pere naon kitu?" cenah balik nanya.
"tuh tinggali na almenak, tanggal beureum!" sambung
kuring. ku manehna diilikan bari kerung. nyeh manehna
seuri.
"kunaon maneh seuri?" tanya kuring, teu ngarti. "ieu
mah pere keur urang perlis euy, lain keur urang!"
pokna teh. simanahoreng eta teh libur 'keputraan'
sultan perlis. 'keputraan' teh mun di urang mah tepung
taun tea. jadi tiap nagri boga pere sewang-sewangan.
teu sarua ieuh. aya nu pere tiap jumaah, aya nu pere
tiap minggu. kitu deui aya pere nu gumantung kana
tanggal kalahiran sultan nagrina.
kuring ngagerentes dina hate, euh ieu teh meureun
conto otonomi daerah tea. teu kudu ieuh saragam.
masing - masing nagri boga kultur, budaya, sarta
riwayat sewang-sewangan. masing-masing bisa
ngawujudkeun eksistensina. dina perkara anu dianggap
bisa ngawakilan eksistensi sakumna nagri, kakarek
dipake aturan nasional. contona dina masalah pere,
keur pere 'keputraan yang dipertuan agung' mah kabeh
nagri milu pere.
nitenan di urang sok remen jadi paguneman, pangpangna
keur urang sunda, perkara milangkala tokoh wanoja.
sering jadi bahan catur, saha anu leuwih payus jadi
tokoh pikeun urang sunda, naha raden ajeng kartini
atawa raden dewi sartika. jigana masalah nu sarupa oge
aya di aceh, tempat lahirna tokoh wanoja cut nyak
dien. kitu deui daerah lainnya.
inget masalah otda, jeung ninggali conto solusi urang
malaya, asana bisa dijadikeun eunteung. meureun geus
waktuna dibuka wacana, keur urang sunda pikeun
ngamumule budaya jeung sajaeahna sorangan. misalna
salian ti aya pangeling-ngeling raden ajeng kartini
anu dilaksanakeun nasional, oge perlu
pengeling-ngeling inohong sakelas raden dewi sartika.
wallahu a'lam.
salam,
mh
_______________________________
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
http://promotions.yahoo.com/goldrush
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/